Note: forwarded message attached.


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




--- Begin Message --- Kang MH, Kang Rahman, sareng akang-akang nu sanesna (kum),
  Punten yeuh, asa kakeleketek hoyong nimbrung. Punten rada panjang, pedah ku resep.
 
  Ngadangu-dangu ceuk cenah, yen diajar bahasa teh lewih gampang jang  budak saumuran tk jeung sd. Numutkeun "research" (cenah): "anak-anak  mampu mengerti dan menggunakan 8 bahasa  secara alamiah". Tah, mun  ieu bener, kuring boga pamikiran yen ngajarkeun bahasa di sd kuduna  leuwih 'efektif' batan ngajarkeun di smp jeung sma.
 
  Sababaraha waktu kaliwat, kabeneran kuring ngobrol jeung babaturan ti  nagara Luxemburg. Manehna lancar pisan ngagunakeun bahasa inggris jeung  jerman. Kumaha manehna diajar bahasa?.
  Ceuk manehna, di Luxemburg mah diajar 4 bahasa wajib ti leuleutik,  nyaeta inggris, jerman, perancis jeung bahasa luxemburg sorangan  (campur-campur kabeh meureunan, tapi cenah tetep beda). Lain ngan ukur  nyaho, tapi oge jeung bisa ngagunakeunnana. Salian nagara ieu,  sababaraha nagara lain oge ngagunakeun bahasa resmi leuwih ti hiji,  siga belgia jst.
 
  Tah ceuk kuring, alus pisan ngajarkeun bahasa ti leuleutik teh. Ngan...  ngajarkeunna kudu bener, tartib, jeung puguh udagannana. Nu jadi  masalah di urang tetep balik deui ka metoda ngajar, anu kurang bener.  Lolobana guru, (mudah-mudahan salah) ngan nitah muridna ngapalkeun  kata-kata dina hiji bahasa, lain ngabiasakeun budak ngomong jeung  ngagunakeun eta bahasa. "Tolok ukur keberhasilan" na oge rada salah,  nyaeta ngan saukur nganteurkeun budak ambeh bisa ngagawekeun soal  ujian.
  (Ieu mah lain rek neangan embe hideung atawa munding bodas terus  nyalahkeun guru. Introspeksi we ieu mah, da kuring ge sarua guru)
 
  Jang conto, kuring rek nyokot nu deukeut we, pun anak. Di sakolana  diajarkeun oge opat bahasa, nyaeta indonesia, sunda, inggris, jeung  arab. Ari bahasa indonesia mah alus da dipake sapopoe di sakola. Bahasa  sunda sahenteuna bisa dipake ngomong, da indung bapana oge ngomong  sunda, sanajan ulangan meunang genep ge geus alhamdulillah.
  Tapi bahasa lian, nyieun kalimat ge pabaliut wae, padahal, ceuk  paribasana mah, saparapat eusi  kamus apal. Kulantaran panasaran,  nya ditoong we kukuring. Nya kitu tea, jang bahasa inggris misalna,  guruna ge tara ngomong ku bahasa inggris. Ngan kalah ngebut ngudag  "setoran" meakeun item dina kurikulum. Sarua oge jeung pangajaran  bahasa arab.
 
  Jadi istilahna mah, sanajan alamiahna hampir kabeh budak bisa  ngagunakeun loba bahasa, tapi lamun nu ngajarkeunna teu bener, bakal  ngan ukur ngahambur-hambur potensi, jeung nyieun budak sutres. Tah ieu  rea patula patali jeung perencanaan pendidikan di urang. Sajalan jeung  udagan kurikulum berbasis kompetensi (KBK) tea, kuduna masalah ieu bisa  di"eliminasi". Ngan nyaeta geuning diurang mah hampir sagalana kurang  perencanaan nu asak, nu ahirna malah jadi bumerang. KBK teh geuning teu  dibarengan jeung perangkat uji nu sasuai, ahirna justru rea kolot murid  nu protes lantaran anakna malah eleh ku sakola lain nu leuwih handap  "rating"na. Atuh geuning, inalillahi, eta guru nepi ka diontrog,  titunjuk tunjuk irung sagala rupa.
 
  Tah, ayeuna perkara pamikiran kang Maman, punten yeuh, ku kuring rada  can katoong. Lantaran, kuring boga pamikiran yen rea oge bahasa daerah  nu ngakibatkeun karancuan dina bahasa indonesia, atawa sabalikna.  Sigana bakal leuwih hese ngajarkeun bahasa indonesia saanggeus bahasa  sejen sacara "serial", kulantaran kudu rada miceun kabiasaan ti heula.  Conto, teu gampang jang urang sunda miceun kabiasaan make kata "mah"  waktu ngomong ku bahasa indonesia. Kitu deui dina lentong na, tetep  kaciri sunda na (siga akina barudak). Tapi lamun diajarkeun "paralel"  jeung bener ti leutik keneh kuring yakin bakal leuwih alus hasilna,  kusabab budak teh diajar oge kumaha cara ngucapkeun nu bener di tiap  tiap bahasa. Bari deuih letah budak mah masih leuleus, gampang di atur  keneh, asal alus ngalatihna.
 
  Ayeuna kumaha jeung bahasa luar nagreg anu rada beda cara make letah  jeung biwirna? (contona bahasa barat) Lamun urang geus kangeunahan ku  basa sunda tanpa ngenal bahasa lain ti leutik, tangtu hese pisan  ngamanyun manyun biwir jeung muter letah jang ngomong bahasa barat teh  (siga kuring). Ieu teh ku lantaran urang geus boga kabiasaan sorangan  nu geus ngagetih daging (baca: mendarah daging). Terus deuih hesena teh  dina masalah perbedaan struktur bahasa. Bahasa barat lain jeung bahasa  urang, lantaran asal muasalna ge beda. Bahasa barat rereana ngakar ti  indo-eropah, bahasa urang akarna ti polinesia tea, cenah. Dua duana  boga "gramar" jeung struktur kata anu beda. Lolobana dina bahasa barat,  urang kudu boga gambaran lengkep heula dina sirah, samemeh pok ngomong.  Beda jeung bahasa urang anu bisa diomongkeun babarengan jeung mikirkeun  naon nu rek diomongkeun saterusna. Tah lamun barudak urang sina "engeh"  ti leuleutik, insyaallah moal jadi masalah teuing keur maranehanana,
jaga kahareupna. Tapi tetep koncina kudu bener ngajarkeun jeung  ngalatihna.
  Lain alus lamun urang sunda teh palarinter ngomong bahasa inggris kalayan bener? Tangtu alus jang kamajuan urang oge.
 
  Jadi kasimpulan samentarana mah kieu:
  Ngajarkeun bahasa leuwih ti hiji ka budak ti leuleutik teh alus pisan,  jadi geus we tetep siga kitu. Da ceuk cenah, jang budak mah ngarti  bahasa anyar teh teu sahese kolot. Ngan nu kudu jadi catetan jeung kudu  dirobah mah, guruna oge kudu ngajarkeun anu bener, jeung puguh  udagannana dina kurikulum sakola. (Tangtu ngarah guru bisa ngawulang nu  bener teh teu sederhana. Ayeuna mah kudu jadi pamikiran pamarentah  kumaha sangkan guru-guru di urang teh "berkualitas". Meureun kudu aya  suntikan jang ngangkat kasejahteraanana, ambeh para guru soson soson  dina ngalaksanakeun tugas.)
 
  Ngan tangtu salaku urang sunda anu nyaah kana bahasana, urang kudu  mikirkeun supaya basa sunda teh maju sajajar jeung bahasa lain, tetep  digunakeun jeung dimumule ku urang. Kuring mah keukeuh boga pikiran,  yen bahasa sunda teh rada "kaseredkeun" kulantaran ayana "pemanfaatan"  media nu teu saimbang. Ayeuna tingali we dina tipi, apanan rea keneh  bahasa batawi jeung jawa dibanding bahasa sunda (dua taun katukang ieu  mah).
  Sigana lamun urang sunda rame gawe nyieun karya, insyaallah moal  leungit nu make basa sunda teh, salilana. Tangtu karyana oge karya anu  boga "kualitas" ambeh bisa jadi titi mangsa jang generasi urang ka  hareup.
 
  Cag. Wassalam,
 
  Yudi
 
 

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Kang Rahman,
  Hehehe, jigana mah bener tah jalan pikiran  salira teh, yen: "Upama basa  Indung geus maher, diajar basa  nasional jeung basa asing baris  hampang". Naon hujahna? Paling  heunteu aya pamanggih anu bisa  dijadikeun pamuntangan kana eta  pamadegan. Cenah ceuk salah sahiji  aliran dina dunya atikan, aya  kacindekan, yen proses gumulungna  pangaweruh manusa teh  dihasilkeun tina pangaweruh samemehna. Persis  cenah jiga maen  lego, geuning wangunan-wangunan anu komplek bisa  dihasilkeun tina  wangunan primitif anu leuwih leutik. Geura we toong,  apan ari  kamaheran basa teh umumna sok diwincik jadi, kamaheran:   ngareungeukeun, maca, cumarita, jeung nulis. Upama urang geus  boga  kamaheran nu opat eta dina hiji basa, asana bisa jadi modal  nu lumayan  pikeun diajar basa sejenna.
   
    Ngan hanjakalna, upama urang noongan buku pangajaran basa Sunda  kiwari,  aya hiji komponen kamaheran basa nu kurang kapalire.  Nyaeta kamaheran  NGAREUNGEUKEUN. Kuring tacan manggihan buku,  atawa bahan ajar sejenna  anu ngamekarkeun kamaheran ieu. Nu matak  teu aneh, nepi ka ayeuna  perkara kumaha ngabedakeun sora e (jiga  sora e dina frasa "perepet  jengkol"), e (jiga dina sora e dina  frasa "beretek lumpat"), jeung eu  nepi ka ayeuna masih keneh jadi  masalah. Kuring boga kacuriga, akar  masalahna kulantaran dina  pangajaran basa Sunda, tacan aya usaha  ngalatih kamaheran  NGAREUNGEUKEUN.
   
    Padahal sabenerna hal ieu teu kudu masalah. Upama  kamaheran  NGAREUNGEUKEUN geus kalatih, asana teu kudu eta e nu  dua teh, make  jeung nu hijina kudu dicurekan. Tinggali we basa  Inggris,   apan  kecap "book" dibacana jadi "buk". Dina  basa Inggris mah loba  kecap jiga kitu teh. Teu jadi masalah ieuh.  Tapi kulantaran biasa  dilatih dina perkara NGAREUNGEUKEUN tea.  Jadi teu aya masalah. Padahal  dina basa Sunda mah, ukur tilu  vokal eta nu kudu diregepkeun beda  sorana teh.
   
    MH
   
    Rahman <[EMAIL PROTECTED]>  wrote:          Baraya,  wilujeng wayah kieu!
   
  Tuh... apan batur mah nepi ka kitu geuning. Usul... sakola SD  kudu  diwenangkeun make panganteur BS! Mun henteu nya diwajibkeun  oge teu  nanaon. Ti semet SMP ka luhur kakara make BI.
   
    Sigana mah bakal alus hasilna. BS alus, BI bisa alus oge  lantaran  diajarkeun make basa indung... atuh basa asing sejen na  oge kabawa bisa  alus deuih. Sabab, kumaha rek gampil diajar basa  deungeun lamun basa na  sorangan ramijud. Bener teu?
    Henteuuuuu! ;))
   
    baktos,
    Rh
   
 
 
 
  =====
  Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
  [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
             
  ---------------------------------
   Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less
 
  [Non-text portions of this message have been removed]
 
           

    PENTING..!
 
  attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
 
  dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
 
  terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
   

                   
       
---------------------------------
    YAHOO! GROUPS LINKS 
 
     
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
 
     
---------------------------------
 
 
         


           
---------------------------------
Yahoo! Personals
Let fate take it's course directly to your email.
See who's waiting for you Yahoo! Personals

[Non-text portions of this message have been removed]




--- End Message ---

Kirim email ke