Kang Jaka hatur nuhun kana perhatosanana, manawi sareng manawi kang Jaka
bade invest dina  perkaosan atanapi saha wae mangga atuh urang gabung, sugan
we atuh janten juragan kaos. Insyaallah abdi ngabantos dina ngareka-reka
kecap atanapi kalimah kalimah anu sakintena laku dipasaran, biasana idiom/
anekdot/plesetan sunda anu dibumbuan kuhumor anu rada payus diterapkeun dina
eta kaos ( sapertos anu tos dipostingkeun tipayun ), enya pami digali deui
mah panginten seueur keneh anu sapertos kitu teh. Perkawis ngadisain mah pan
disainer kusnet ge tos ronghok panginten tiasa silih bantos. Sugan sareng
sugan atuh kujalan ieu, eusi dompet teh metet wae sanaos tanggung bulan oge
he he.

Da enya atuh tujuan utami gubang gabung ka kusnet teh, sanes bakating ku
seueur waktos, komo seueur artos, taya sanes salian nyambungkeun silaturahmi
ti papada urang sunda, oge sasieureun sabeureuyeun kedah aya hasilna kanggo
ngarojong panghasilan, da rumaos simkuring mah masih keneh koreh-koreh cok.
Mangga prung ah !
SR
----- Original Message ----- 
From: "joko tingkir" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Thursday, December 08, 2005 6:59 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] KOMPANYEU REUEUS SUNDA->Kang Syam


> Kang Syam, kumaha lamun ayeuna kang Syam buka usaha
> Kaos sapertos "DAGADU"na di Yogya atanapi "JOGER"na di
> Bali.Naha bade dinamian "DENGDEK" atanapi naon bae,
> bisa oge nu boga harti tina singkatan. Yakin laku
> kang.
>
> Jaka



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke