kamarina ngobrol sareng kang Hawe Setiawan, anjeuna netelakeun yen dina bulan April 2006, Mikihiro Moriyama, nu bukuna, Semangat Baru, eusina salinan tina desertasina ngeunaan perkembangan jeung publikasi sastra sunda baheula baris nyimpang ka Bandung.
Aya kahayang cenah kumaha mun diayakeun 'bedah buku' manehna. hayu pisan. si kuring nyadiakeun tempat, Itenas jeung panitiana, barudak Lingkung Seni Sunda (Lisenda). aya sababaraha rohangan bisa dipake, kaasup Gedong Serba Guna Bale Dayang Sumbi (paranti wisuda, asup 1000 urang), atawa ruang seminar di Student Center Loka Abikawidya oge 100 urang. ka barudak Lisenda (martin sitorus, hehe, batak nyunda) tos nyarios, hayu cenah. malah baris nyadiakeun degung atawa rampak kendang pikeun ngaramekeun acara. panyatur mah sigana ku kang Hawe sina diatur. urang sastra sunda unpad atawa upi oge budayawan sunda sanesna. waragad, mun teu dibere ku pamedal, nya urang pake dana yp saeutik. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

