Assalamualaikum wr.wb. Wilujeng siang sakumna baraya di babakan. Emh..aya ku sono ieu abdi. Hapunten anu kasuhun, lawas teu ngiring mairan. Sanes maksad mopohokeun atanapi tambelar, mung nya kitu tea we geuningan..pabeulit sareng cicing:D Ieu gaduh garapan teu seep2:(( Hatur nuhun kanggo MH nu tos ngaluangkeun waktosna ngawaler patarosan abdi (japri), oge kanggo Mama ManAr sareng Kang Agus Her nu tos ngersakeun noel di YM. He..he.. ayeuna mah abdi teu tiasa nangkring deui di rohangan chatt, kaleresan aya gangguan di YM-na.
============ Salajengna ngiring mairan kana kuisioner ti MH, perkawis basa Sunda. Ceuk rarasaan abdi mah, basa Sunda teh teu hese. Ngan duka ari palebah ngagunakeunna mah, naha leres atanapi henteu:D Kaleresan pun biang sareng pun bapa urang Sunda pituin, janten basa sadidinten nu dianggo di rorompok teh basa Sunda. Katambih di rorompok teh ngalanggan Mangle (duka ti taun sabaraha2na mah). Nya sajabi ti nguping obrolan di lingkungan, ditambih oge ku bahan bacaan nu ngagunakeun basa Sunda. Osok ketang sakali2eun mah ngobrol di rorompok dicampur ku basa Indonesia. Tapi tetep we basa nu primerna mah basa Sunda. Kabiasaan abdi ti baheula, pami ngobrol sareng batur sapantar tara nganggo undak usuk nu beres, kitu we..basa loma campur aduk:D Tapi sok digeunggeureuhkeun sakapeung ku pun bapa, pami pareng anjeunna ngadangu undak usuk nu pabaliut:D Duka pangaruh macaan majalah Mangle kapungkur..duka pangaruh resep ngupingkeun kacapian, nu jelas ceuk hate abdi mah, basa Sunda teh kacida endahna. Komo pami tos ngawujud dina rumpaka lagu atanapi sajak. Kitu deui pami ngawujud dina wanda serat [emut serat Teh Titi:)]. Mung sakali deui, ieu mah ngan saukur ceuk abdi alias subjektif. Da nu namina gampil sareng hese mah, tangtosna ge relatif, gumantung kana ti palih mana urang ningalina sareng naon nu dijantenkeun tolok ukurna:) Hapunten bilih aya kecap nu teu merenah. ============= Salam kenal kanggo para wargi nu teu acan kenal sareng abdi:) Nepangkeun, abdi Gilang, tos sataun langkung ngiringan di ieu milist, mung sering nyumput:D Bibit buit asli ti Sumedang (caket SMP 1 Sumedang), ayeuna diparengkeun ngumbara di Jepang kaler, nyuporteran pun lanceuk nu nuju sakola deui:) Muhun ah sakitu heula ti abdi. Hapunten pami janten panjang ngagebay. Spesial kanggo Teh Nia, wilujeng.. mugi dipaparin sehat kandunganna. Salam sono ti Sapporo Gilang --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wass.Wr.Wb. > > Bagea Teh Gilang, wilujeng siang oge, nuju usum > naon di Saporo? Hehehe. Alhamdulillah pribados nuju > sehat, mudah-mudahan we salira sakulawargi oge > salawasna sehat wal-afiat. > > Leres teh, eta patarosan koesionerna teh, nu > diserat di handap. Mangga diantos guaranana. > Langkung sae ka lembur, sakantenan cc-keun ka sim > kuring. Maksadna mah, taya lian urang nyobaan > milarian akar masalah, naon pangna basa Sunda > dianggap hese. Sugan wae, tiasa milarian tarekah, > kumaha ngungkulanaan. > > Baktos, > MH > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

