Ha.....ha........
Milarian anu herang mangrupakeun kawajiban urang salaku manusa anu kumulendang di ieu jagat raya bin maya. Komo deuih ieu herangna panon poe alias soca dinten, he...he...janten pami aya hiji manusa tara milarian herangna panon peo, kedah dipertaroskeun tah kaayanana.
 
Alhamdulillah kang Rafli alias kang Miih dugi ka danget ayeuna mah aya dina ginanjar kartasasmita, aeh lepat, he...he...aya dina ginanjang kawilujengan maksadna teh.
Kumaha sawangsulna Kang Rafly teh, kamana wae tara lulumpatan deui geuningan dina ieu rohangan aheng teh ? Boa-boa tos kenging kikideuwan nya? tos kenging burahay beureum sareng hejo tur herang ngagenclang, hahahaha.....
 
Moal enya kawon ku Cep Rois sareng Neng Iva, anjeuna mah kantos maen film iindiaan dina kareta arah jakarta bandung, biasa geuningan eta anu penumpang sejena mah mung sauukur ting parolohok hookeun, ceuk na hatena teh uluh eta pasangan anu serasi matak katurelengan anu nempo, hahahahaha.......ibara rama sareng shinta, ibarat romeo sareng juliet, ibarat rusdi jeung misnem versi ???? duka tah versi anu ka sabaraha. Ibarat Pakepuk sareng bukepuk, ibarat mangkepuk sareng bikepuk nuju macul di sawah, hahahaha....
(Punten pisan bilih dina carita ieu aya anu kasebat nami sareng karakter tur lokasina, ukeun hapuntena bae, ieu mah mung saukur ubar lieur, ubar ngahekok)
 
Ah teu terkenal oge kang, kaleresan wae ieu teh nuju diajar janten inohong di bojong rangkong, ngawangkong mawa bekong dina tonggong. Daripada ramo jocong balas nojosan keyboard, heu....heu...nya mamanawian wae pami rada sering ramo diperengkelkeun sina nonjokan mah rada lalemes sareng rancunit matak kabita anu nempo, matak uruy anu ningali, matak pikabitaeu wanoja, hahaha....
 
Bandung mah tantos seueur anu hejo mah kang, cobi pami seueur mah di betotan ka dieu lapangan KUSnet, cikan sina utak utek tah ramona. heu...heu...
 
cag...ah punten panjang teuing yeuh....he...he......
 
 


 
On 12/8/05, Miih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
He..he..kang Runa mah sok milarian nu herang-herang..
Kang anu herang-herang mah gampang, tiap dinten aya anu herang panon
poe..

Kumaha kabar kang Runa...??
Ayeunamah tos jadi bintang di US nya, tos terkenal geuning..

Kang Runa the doyan anu hejo2,
Di Bandung seueur kang, angkot anu warnana hejo

Cag ach...


-----Original Message-----
From: titof [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent: Thursday, December 08, 2005 11:11 AM
To: [email protected]
Subject: Spam:Re: [Urang Sunda] Neupangkeun..............


Kutan kitu .......... Kang Runa. Hapunten Kang Ndoell pami abdi lepat
nyerat.
Eta ku keukeuh Kang Runa mah milarian anu herang2, beureum, tur anu
hejo2. Kang Runa abdi ngiringan  milarian ni kitu akh......... da
siganamah teu
jauh-2 teuing ti Bekasi ka Bogor mah.... nu pentingmah hasilna mucekil
..... sanes kitu Kang?



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke