Juta-juta
=====
Den Ndoell boga niat hayang ngalamar ka neng juminten. tapi ngan boga mahar
ngan saukur 800 rebu perak.
tapi tetep dasar geus boga tekad anu bulleud jeung kahayang nu geus
masagi...den ndoell maksa
hayang panggih jeung kolotna Juminten...
Bapana Juminten: "naha boga sabaraha kitu duit jang Ndoell geus wani-wani
hayang ngalamar anak bapa?"
Den Ndoell: "800 rebu pa."
Bapana Juminten: "Ah saeutik atuh! teu kudu datang deui kadieu atuh laun
kitu mah saacan boga duit
anu jumlahna make juta.!"
terus Den Ndoell balik, mawa kakuciwa....hate balangsak sajajalan bari
najongan kaleng kosong....
kainget deui basa keur duaan paciwit-ciwit lutung jeung ucing sumput bari
iindian di kebon tiwu....
teu nepikeun ka samingu Den Ndoell ngahaja datang deui nyinghareup ka calon
mitoha...
bari pinuh ku kapercayaan Diri.....
Bapana Juminten :"naha wani2 datang deui kadieu? geus boga duit juta
ayeuna??
Den Ndoell: "Parantos Pa' mangga nyanggakeun . . ."(bari ngasongkeun duit
rebuan dibeungkeut ku karet geulang)
Bapana juminten: "Cik sabaraha Ieu teh????" (bari muka bungkusan)
Den Ndoell: "Satengah juta tilu ratus rebu rupia pa' . . ."(bari haget
jeung peuleukeuk)
Kontan harita keneh Den Ndoell ditarima jadi minantu.... . .
-ts-
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/