Wa'alaikum salam,
 
mangga kalebet kang, sanaos nembean ka bakus tong isin2
alhamdulillah sae ,sawangsulna?
 
teu kedah di wartosan ge meni jelas nya tina surelekna "abdiurangtasik" heu heu heu.
 
wah siga na juragan kebo yeuh...;-)
 
~mia~

 
On 12/9/05, kebohideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum baraya...
Punten ah, ngiring ngariung, nepangkeun abdi kebohideung padumukan mah disisi gawir gunung galunggung, tah pami tidinya mah masih rada tebih..hehehehe abdi nyaung-nyaung di Perum Mitra Batik Kawalu. Abdi dongkap kadieu teh rehna aya pangulem ti Kang Eko.
 
Aeh geuningan aya nu ngageugeuh millis Kuningan asri, kang Ndoell damang? teh Titi.. (bari ngiceupan)..hehehe  euleuh aya Neng Mia oge...damang geulis?
 
Punten ah..kadieu teh lelengohan teu nyandak bako-bako acan, mung nyandak gasoline butut, cikan kang Ndoel ngiringan sabatang...hehehehe
 
Cag heula ah..bade ka teoh deui.
 
kebohideung
ditasik tos jumatan aya girimis




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke