PESEN SAPATU

 

Ngarana Kang Sule, kamari mah aya postingan teh Juhe ngarana nya? hehehe, ayeuna mah Sule we, punten kanu sami ngarana Sule, da ieu mah samaran mung carita bohong bin rahul.

 Kang Sule hirup bubumen dihiji lembur anu jauh ka kota, pokonamah jalanna oge jiga walungan saat, da saupamina Kang Eka, Kang Runa atanapi teh Dinny ameungan ka dinya teh, matak rumahuh nya nanjak nya taringgul ku batu nu ngajentul, komo teh Susan mah jigana ngajerete nincak batu ge..heu.heu.heu

 

Basa lebaran kamari Kang Sule boga kahayang pedah rek lebaran, nyaeta hayang boga sapatu nu rada pantes mun dipake ka uleman nu kawinan. Ngan Kang Sule bingung mun seug meuli sapatu, sarung jeung sapuratina moal kabeuli da duitna moal picukupeun. Keur ngahuleng kitu lar jang Omo tatanggana ngaliwat,

Kang Sule         : "Tah geningan kabeuneuran Mo kadieu sakeudeung!" 

Jang Omo        : "Aya naon kang? cek jang Omo nembal.

Kang Sule         : Puguh dewek teh boga kahayang pedah rek lebaran, nu kahiji dewek hayang sapatu, nu kadua dewek hayang sarung sakumplitna, ari duitna jigana pikurangeun euy. kira-kira ceuk pamadegan maneh kumaha tah?

Jang Omo       : Halah si akang mah, ngomong we rek nginjeum duit kituh, ceuk jang Omo bari kuraweud haseum

Kang Sule       : "Aeh ari silaing, tong waka suudon atuh jadi jelema mah, da uing ge moal daek unjam-injeum ka silaing,"  bari rada molotot.

jang Omo reuwas ningali Kang Sule molotot, da kitu-kitu oge Kang Sule mah rada aya pangabisana dina widang silat mah, jurus-jurus cikalong wae mah rada apal. Gura-giru Jang Omo mamandapan, "punten kang uing mah da heureuy"

Jang Omo    : ceuk uing mah mendingan meuli sarung heula kang, bisa dipake ibadah ari sarung mah.

Kang Sule    : Naha ari sapatu mal bisa pake ibadah nya? ari maneh belegug teh di ingu...! yeuh ari ibadah mah nu disapatu oge bisa ibadah, contona, aya runtah ditengah jalan urut maneh ngadahar cau, kapan bisa ditalapung tah cakang cau, kan geus kasebut ibadah tah.

jang Omo    : Ari miceun cangkang cau ditalapung mah kasebutna ibadahna makruh atuh kang..

Kang Sule    : Naha ari silaing da uing mah teu makruh, tembal Kang Sule bari muncereng.

Jang Omo    : Kela kang naha akang mah jiga nu tos gaduh wae sapatu teh.?

Kang Sule    : aeh enya..kapan uing teh menta pendapat ti silaing mending sapatu mending sarung nya?

Jang Omo    : “Mending Sapatu..!!!

Kang Sule    : “Tah alus pendapat teh, kapake euy ku uing.” Bari ngabelenyeh seuri nembongkeung huntuna anu ompong urut tikusruk kana solokan basa nganteur-nganteur Ceu Acah anu karek ngarangda tilu bulan katukang.

 

Jang Omo : Kang, mun rek meuli sapatu ka Tasik, uing boga alamatna, aya toko anu murah, jabage loba piliheuna

Kang Sule      : Tah..tah..tah..dimana euy tempatna ?

Jang Omo      : Aya di Jalan Hajet, teangan toko sapatu atawa toko tarumpah anu pangbadagna sa Tasik, tah upami tos kapendak, ngarah murah bejakeun ka si engkona akang teh dulur uing kituh. Ceuk Jang Omo bari rada gumasep, da agul boga kenalan babah anu boga toko sapatu.

Kang Sule      : Euleuh hebat silaing mah Mo..hideung-hideung oge silaing mah kenalana jeung si engko, naha dimana geuning bisa kenal kitu?

Jang Omo      : Aeh…ari si Akang meni teu percaya ka uing teh, tah malahan alamatna oge dicatet aya nomer telepunan deuih. Bari kusiwel ngodok pesak deuk ngaluarkeun dompetna anu dijieun tina kulit kanjut domba, nang menta ti punduh basa lebaran kurban tahun kamari. Bray dompetna dibuka pelengseng bau tujuh rupa kaluar tina dompet, bau-bau ge Kang Sule kapaksa, da hayang nempo alamat toko sapatu. Gorehel we kertas sacewir anu geus rajet da kabeneran kertasna urut cangkang roko nang mulung ti hareupeun toko sapatu.

Jang Omo      : Tah tingali ku akang..bener pan? Bari mikeun kertas sacewir ka kang Sule, terus manehna nulak cangkeng bari seuri mesem. Kang Sule anu teu bisa maca kurang-kerung bari ngabulak-balik kertas catetan alamat.

 

Jang Omo      : Kieu we atuh kang, supaya akang teu cangcaya, sok we telepun eta alamat, jig kaditu ka kacamatan didinya aya wartel, bejakeun ka siengko dulur uing kitu. Ceuk jang Omo kekeh petekeuh hayang kasebut boga kenalan ka babah nu boga toko sapatu.

Kang Sule      : Cikan atuh urang telepun ayeuna, da mengpeung isuk keneh, beurang mah bisi kaburu hujan, da jalan teh geuningan sok jadi walungan mun hujan mah.

 

Kacaritakeun Kang Sule indit rek nelepun toko sapatu, manehna leumpang ngagandeuang bari ngararasakeun sukuna geus make sapatu anyar, bakating ku uleng ngalamun kang Sule teu nempo titicakeun, jedot we indung sukuna titajong kana batu anu ngajentul…ajoooowww  bari ingkud-ingkudan nyekelan indung sukuna anu ngagedean jiga leupeut kuningan. “Dasar jalan teh keur butut teh matak nyilakakeun jelema deuih, teu jiga di kota jalan geus luis ge hayoh wae dialus-alus, naha ari jalan ka lembur aing, euweuh pisan anu merhatikeun, sugan mah aing kudu jadi Bupati heula karek jalan alus” gurutu Kang Sule bari niupan indung suku anu burahay beureum lomokot ku geutih.

 

Teu lila Kang Sule neruskeun deui lalampahanna, kurang leuwih jam satengah tilu sore Kang Sule nepi ka Wartel anu aya di kacamatan. Blus kang Sule asup ka wartel, bari culang cileung da bingung lantaran Saumur-umur nyunyuhun sirah can pernah nelepun. Pagawe wartel surti, terus nanya ka Kang Sule,… Mangga pa bade nelepon mah meungpeung kosong.Kang Sule da gengsi ari disebut gendo mah, bari seuri koloyor we asup ka ruang KBU, bruk panto ditutupkeun, kusiwel ngaluarkeun kertas anu ti Jang Omo, terus digolerkeun sisi telepun, corowok we Kang Sule ngajorowok hallow-halowan, “ Halow….halow….halow…ieu jeung toko sapatu?” na jero hate kang Sule ngagerendeng naha euweuh nu nembalan ieu teh, boa-boa si Omo nipu ka aing. Pagawe wartel asa kagandengan, da salila manehna nungguan di eta wartel, can pernah aya nu nelepun sampe ka cocorowokan kitu, terus we ditoong ka ruang KBU. “halah si bapa naha nelepun teh kawas kitu patut, terus kaca KBU teh diketrokan.. Kang Sule ngalieuk terus nanya “Jang naha nya teu aya wae nu nembalan telepun teh?”  “Puter pak nomerna” tembal pagawe wartel bari ngaleos. Kang Sule seuri era..terus we nomerna diputar puter, bari jeung teu puguh nomerna nu mana da teu bisa maca tea. Terus ngajorowok deui…”Haloowww…punten..ieu sareng toko sapatu?” terus hallow..halowan teu eureun..eureun.

 

Pagawe wartel asa kaganggu deui, da jigana manehna keur ngarumus kode buntut keur pasanganeun engke peuting. Terus noongan deui ka kang Sule..”Ari si bapa..angkat pak pesawatna..!”  kang Sule ngalieuk bari ngajawab “Naha da didieu mah teu aya pesawat jang.” Ceunah

Pagawe wartel beki gondok, “muhun eta telepuna angkat..!!

Kang Sule : “Ooh…mun titatadi ngabejaan teh , angkat kituh telepuna.” Giriwil pesawat telepunna di angkat (lain gagang telepunna nu diangkat teh, tapi ieu mah sapesawat-pesawatna diangkat) terus cocorowokan jiga tadi. “halloooooowww….hallooowwww”

 

“Jang..jang kadieu sakeudeung…naha ieu teh teu aya nu nembalan wae?” Tanya kang Sule heran. Ari bapa, nya muhun moal nyambung mun kitu mah. Cikan kadieu nomerna urang pang nyambungkeun.

 

Kang Sule asa katulungan, terus dipangmuterkeun ku pagawe wartel, Kang Sule jongjon nempokeun tukangeun pagawe wartel, bari unggut-unggutan jiga nu ngarti.

Yeuh Pa tos nyambung ayeuna mah..bari mikeun gagang telepun ka Kang Sule.

 

Kang Sule haripeut nampa gagang telepun, terus ngajorowok Hallow…hallow…sareng toko sapatu ?  ti Beulah ditu si engko kaget teu aya dikieuna, bari nganggangkeun gagang telepon tina ceulina. Nelepon teh kabina-bina teuing dikira oeh teh budek? si engko kukulutuk.  “Enya ieu toko sapatu, jeung saha ieu, rek kasaha, mun bisa ngomongna tong tarik teuing da oeh mah ngadenge !!!” tembal si engko ti Beulah ditu.

“Ooh ieu engko?  Sayah teh saudaranya jang Omo, mau pesen sapatu, anu jiga sapatu pajabat”  si engko ngahuleng..”anu kumaha atuh, da loba piliheuna didieu mah, warnana nu kumaha, nomerna sabaraha” tembal si engko

Kang Sule rada ngahuleng, terus seuri, “Ko..sayah mah hayang anu warna hideung we ngarah payus jeung warna suku, tah ukuranna mah saukuran suku sayah we ko, tah sakieu gedena mah,.” bari ngacung-ngacung suku anu jempolna ngabareuhan.

Si engko ti Beulah ditu beuki bingung, “naha da oweh mah teu bisa ningali suku didinya, kapan ieu teh dina telepun” bari ceklek we telepun ditutup. *****06/12/05 10.02pm kebohideung perum MB Tasik.

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke