Pangeran Kabayan
Ku : E. Kosmayadi (Ki Leuksa)
Pikeun urang Sunda, moal aya nu teu wawuh ka si Kabayan. Lantaran loba naker dongengna anu dipikaresep boh ku kolot boh ku budak,
malah geus dipikawanoh ku baraya urang nu aya di sakuliah nusantara. Pokona mah geus kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, sasat kasohor ka saban madhab.
Ngan hanjakal, anu kasohorna teh pasifatanana anu garoreng, kayaning males, mumul, ngedul, beuki hees, kandel kulit beungeut, pok sang, cedikan, purah ocon, banyol, cologog, sok ngoconan mitoha, remen pasea jeung pamajikan, jeung sajabana. Ditambah ku tagogna anu sing sarwa basajan, pakean sahinasna, kopeah dengdek, kampret belel, disalindang sarung jeung tara make tarumpah alias nyeker. Nya puguh kasawangna kunu lian mah si Kabayan teh potret Ki Sunda sabeuleugeunjeur.
Aya sawatara baraya Ki Sunda ti provinsi sejen anu boga anggapan yen lamun hayang nyaho kana pasifatan urang Sunda, titenan we si Kabayan. Da moal jauh ti kitu, cenah.
Emh, mun enya teh kitu, matak ngenes.
Meureun, kahartina ku batur mah urang Sunda teh pasifatanana teu beda jeung si Kabayan.
Anu onjoyna teh anu garoreng wungkul. Atuh lamun kitu, ka mana sifat-sifat Ki Sunda anu luhung, wijaksana, leleb anteb, lungguh timpuh andalemi teh? Salian ti eta, naha enya pasifatan si Kabayan teh kitu? Saha atuh si Kabayan teh nu saenyana? Bisa moal, lamun Ki Sunda ngarobah pasifatan si Kabayan? Sangkan ajen Ki Sunda undak deui sarta bisa satata jeung baraya-barayana di nusantara.
Pikeun mukakeun lalangse, sugan pananya nu tadi kajawab, nu nulis kungsi nimu luang ti hiji sepuh. Saurna, si Kabayan teh lain inohong Sunda anu piktif , lain paneumbleuhan sifat jeung laku-lampah Ki Sunda nu embung katohyan ku
balarea. Tapi hiji satria anu pinuji, anu boga karep hayang ngangkat harkat darajat si leutik sangkan ulah jadi kekesed para pangagung anu darolim. Kieu dongengna.
Zaman baheula, di tanah Jawa aya hiji karajaan. Rajana kakocap gangas tur sarakah, lamun ngambek sahaok kadua nyabok. Kuayana kitu rahayat jadi balangsak, lantaran saban mangsa ditagih pajeg sarta loba naker pundut punde, ditambah ku gawe nu taya reureuhna.
Jaba ti kitu, kalakuan para pangagung nagara euweuh nu bener, kabeh
katepaan ahlak raja anu sarakah. Korupsi mahabu, kolusi geus jadi kabiasaan, nepotisme geus sakulit sadaging. Mun aya nu boga pikiran bener kalah sok pada nyingkirkeun, atawa disingsalkeun euweuh anu maturan. Ahirna kalakuan para pangagung teh meh sarua baroga pasifatan anu sarakah, paroho ka purwadaksina, dina ngajalankeun pancen teu ieuh mikirkeun batal haram, anu penting mah dunungan we nyaah jeung percaya ka manehna. Sual nasib rahayat, eta mah urusan sejen deui.
Balukarna, rahayat leutik ting jarerit, saban mangsa ting koceak neangan geusan pamuntangan. Ari para pangagung ting cakakak suka bungah, lubak-libuk loba lebokeun, beuteung seubeuh, pake ginding, saban waktu diriung-riung ku gelung. Saurang oge
euweuh nu mikirkeun, kumaha carana ngungkulan rahayat nu balangsak? Palacuran, pamabokan, pamaenan, anu kalaparan jeung kasakit mahabu di mana-mana.
Kocapkeun di karaton.
Raja teh kagungan putra dua, ngan teu kacaturkeun ngarana. Anu cikal geus lila nitenan kaayaan anu pikahariwangeun, hatena hareudang bayeungyang nenjo kalakuan para pangagung nu teu luyu jeung kalungguhanana. Ngan rek wakca henteu wasa, da puguh kabeh samiuk nurut ka Raja, mun
aya nu wani mancangah alamat bakal dihukum gantung. Si Cikal teh ka adina oge teu wani ngomong, da hariwang bisi diucah-aceh anu ahirna kaemper-emper matak kadangu ku Raja. Nya mikir sajeroning ati, kumaha carana sangkan bebas nyarita bari teu kauger ku aturan karajaan. Da geuning di karaton mah sarengkak saparipolah teh kudu tuhu naker kana aturan, mun teu kitu baris disebut in-disipliner anu bakal ditibanan sanksi.
Sanggeus gilig niatna, si Cikal ngaharewos ka dina, magarkeun teh mun isuk jaganing geto Ama lungsur kaprabon, sarta tahta karajaan diserenkeun ka putra mahkota pek bae tarima ka Ayi, akang mah rek ngalalana. Gancangna carita, bral weh si
Cikal miang ninggalkeun karaton, ancrub ka masarakat.
Kocapkeun di padesaan.
Guyur salelembur ear sajajagat, magar aya jelema wanian, pasipatanana siga bodo tapi pinter, siga pinter tapi bodo. Ngomongna poksang, sakapeung sok sindir sampir, tapi karareuna sasat ninggang kana kekecrek. Kanyeri, kapeurih, jeung cita-cita rahayat leutik alias cacah kuricakan teh kawakilan ku omonganana. Atuh teu matak heran, sakeudeung oge geus jadi sabiwir hiji, jadi bukur catur urang lembur.
Dina ngajalankeun tarekahna, utamana dina ngebrehkeun kritik sosial (mun ayeuna mah unjukrasa), loba naker padikana. Bisa ku sindir, ku kawih, ku omongan, ku peta (action/demo), jeung sajabana.
Conto, basa tatanggana boga hajat, anu diondang teh anu satata jeung manehna. Somah atawa cacah kuricakan mah henteu. Eta jalma teu asa-asa ditaranjang sabeuleugeunjeur ngadeukeutan ka imah nu boga hajat (ngadeupaan lincar). Nenjo kajadian kitu nu boga hajat ngageunggeureuhkeun,
pokna Kabayan, naha ari maneh bet kawas budak wae kalakuan teh ? Teu boga naker kaera . Kumaha tembalna ? Ah, mun kolot ge meureun diondang.
Tah, nu kitu kasebut unjuk rasa ku peta jeung omongan, tujuanana pikeun ngritik kanu boga hajat sangkan ulah ngawilah-wilah ka jelema, ulah cueut kanu hideung, ulah ponteng kanu koneng, da nu beunghar jeung nu miskin teh sarua, tunggal mahluk Gusti (Allah).
Cindekna, putra mahkota anu bareto lolos ti karaton teh ngajanggelek di
masyarakat Ki Sunda, katelahna si Kabayan. Hakekatna mah si Kabayan teh pahlawan, sabab sanajan manehna terusing ratu rembesing kusumah, kalayan boga hak pikeun jumeneng Raja. Tapi iklas tur rido jadi paneumbleuhan balarea, jadi lambang jelema culangung, kumpeu, kuuleun, mumul, ngedul, jeung sajabana. Nu dipalar sangkan laluasa ngebrehkeun eusining hate, ngawakilan balarea nu balangsak, sangkan kadangueun ku pangagung.
Pikeun si Kabayan mah, ngomong jeung cacah kuricakan, heug. Ngomong jeung menak, heug. Carek wiwilanganana, najan kudu
unggah bale watangan oge, baris wani debat jeung hakim atawa jaksa, da ngarti kana hukum jeung aturan. Enya soteh kikituan, bongan we loba pangagung nu hayang diugung-ugung bari jeung teu ngarti kana hak jeung kawajiban. Lolobana ngagem elmu ABS (Asal Bapa Senang) tea, keun bae ngarempak aturan oge asal kapake ku dunungan. Temahna, rahayat nu jadi korban.
Lamun riwayat si Kabayan teh kitu, atuh sidik si Kabayan teh lain jalma samanea. Cenah eta citra si Kabayan leuwih condong kanu negatif? Eta mah gumantung kanu ngigelkeunana. Hartina, mun si Kabayan dianggap negatif, bongan we diigelkeunana kanu negatif. Da lamun diigelkeun kanu positif mah, tangtu citra si Kabayan teh baris positif.
Kacindekanana, hayu urang babarengan ngigelkeun si Kabayan ku pasifatan anu aralus tur yakin dina benerna (positif tea), malahmandar jadi picontoeun pikeun para nonoman, seuweu siwi Ki Sunda. Cag.
Nu peryogi naskah dongeng sunda, diantos
emailna.
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

