haturan kang Andi,
 
waas, upami maca carponna holisoh ME teh, inget baheula di lembur, pun bapa sok nyandak majalah "suara daerah" ti sakolana. dina lambaran carita pondok sok aya karya anjeunna. dina majalah eta ge nu sok dibaca teh golempang-na, lucu.
 
basa HBH kamari Uwa Sas nyandak kempelan carponna ahmad bakri, dukun lepus. sugan anjeunna gaduheun keneh. mangga we geura hubungi (sundana naon nya?). Ua Sas teh salah saurang kuncen (moderator) di ieu milis.
 
 
::dh::
keur maca dukun lepus, teu beres-beres euy.

 
On 12/10/05, ar3andi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur baraya KUSNET sadayana,....

1. Minggon kamari abdi `jalan-jalan` ka Mangle Online,...
Mani asa kenging `durian runtuh` mendakan Carpon Karyana Hoilisoh ME.
Judulna si Ema jeung Bi Yayah

Sapertos anu nuju hanaang ditengah poe ereng-erengan dipasihan es
cendol, nya amis,..nya tiis ,..nya seungit (da nganggo gula kawung.
parudan kalapa ngora, sareng nangka),..mani ngageleser kana
tikoro,..., hiji kanikmatan anu hese pisan digambarkeun nana,...
Manawi aya baraya anu bade ngaos ku abdi di attach di handap.

2. Manawi aya baraya Kusnet an terang alamat bumi atanapi e-mail
address Ibu Holisoh ME mugia tiasa ngainformasikan ka abdi, hatur
nuhun pisan sateuacan na.



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke