Ngabalesna ge bari keom.
----------------------------------------------------------------------
Kahatur nyai anu resep nyelegon dienggon.

Nyai, saleresna akang teh bingah pisan nampi serat tinyai, komo waktos
ningal poto nyai anu dikintun ngalangkungan japri. Hate akang asa katenung.
Geuning nyai teh sakitu gamulengna, najan raray nyai nyumput disagedengeun
kurudung, tapi aya sari nu teu bisa disumputkeun. Geulis pinamieunana geulis
sanes pupulasan geulis bawaning ngajadi, geulis asli kintunan Illahi. Teu
dimomorekeun poto nyai anu sakitu pikauruyeunana, langsung we ku akang
dipajang dina monitor, saprak  poto nyai aya didinya najan teu
migawe nanaon, asa ku betah sanaos mangjam jam mayunan komputer, ngan duka
kunaon saparantos wareg melong, kaca monitor teh sok ujug-ujug lamokot wae.
Ah teu kedah dibejer beaskeun panginten nyai ge surti. Ngan balukarna ieu
biwir asa ipis tur semu paur pisan.

Nyai, asa kuhanjakal atuh, nepangan teh asa ku leuir. Cik atuh balaka teh
sanes tibaheula mangsa akang can aya nu boga. Mun tea mah sumpingna teu
kapanderian panginten langsung disimpen dina tutungkusan hate. Batur moal
bisaeun asup najan ngotektak neangan lawang, sabab koncina geus dicekel ku
urang duaan. Tapi ayeuna  koncina geus kaburu kacekel ku batur, teu bisa
kukumaha.
Tapi ketah teu kenging alit manah, upami nyai leres leres mikacinta, akang
tiasa mangusahakeun, da saenyana kanggo nyai mah aya keneh panto cadangan,
tapi upami bade ngalangkung ka lawang anu sami akang tiasa mangusahakeun
ngadamel konci duplikatna. Kumaha sanggem ?

Opat kali opat genep welas. Henteu sempet mah teu kenging dibales.

Akang anu teu weleh ngadodoho.

Geus ah bisi majarkeun enya..heu heu...!


----- Original Message ----- 
From: "Puspita Widyamulya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, December 09, 2005 11:29 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: DIANTOS COCORETAN NANA ==> Ngabageakeun RAYAGUNG


> cikan ngajaran.. (bari hayang seuri)
> --------------------------------------------------------------------
>
> Kahatur Engkang di Tatar Sunda
>
> Kang, kuring nguping yen Engkang lalagasan keneh. Eta ge aya harewos
> bojong nu nyebatkeun Engkang tacan gaduh bebene. Ku ngan ukur ningal
> dina multiply, poto-poto Engkang, artikel nu diserat ku Engkang, abdi
> janten kataji. Aya geuning pameget nu sapertos Engkang, nu keur soleh
> teh, pinter sareng bageur. Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih,
> mun seug Engkang ngawaler ieu serat. Komo Engkang oge sami-sami
> nyimpen rasa nu matak nyugemakeun hate abdi.
>
> Peryogi kauninga, abdi nyerat teh bari ningal pameunteu Engkang dina
> multiply. Aya ku bagja, mung ukur ningal raray najan dina monitor oge.
>
> Diantos waleran seratna.
>
> Abdi nu nganti-nganti di pangumbaraan,
>
> Nyai



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/vlzMKB/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke