Tuh geningan kabuktosan yeuh yen baraya urang teh seueur calon-calon sastrawan, kumaha tah saupami ku mang J dikempelkeun teras didamel buku kumpulan SERPON KADEUDEUH BARAYA KUSNET.
WAG
iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyobian ngadamel serat. Sakantenan nyobian nedunan MH. Punten ieu mah diajar keneh da tara ngadamel seseratan kanggo kabogoh, biasana nu praktis we ku sms....heheheAkang nu dipikaasih,Kang, ti saprak urang pasini pakait ati, teu aya deui mung ukur akang dina hate neng. Najan urang paanggang jauh tapi hate urang tetep caket. Najan seueur anu darongkap ngarepkeun cinta, tapi ku neng teu dipalire. Asa nembean ngaraoskeun cinta anu sakieu ageungna, kasono anu sakitu endahna. Ngagulihga ieu hate dugika bingung kedah kumaha.Ti saprak pendak munggaran, aya kesan anu moal hilap ku urang duaan. Duka kunaon waktos harita, neng oge ngaraos gaduh perasaan anu benten. Tapi harita mah teu diindahkeun da bilih lepat sasangkaan. Teu disangka geuning akang mah tos nyimpen hate. Mung teu wantun balaka. Tambih kadieu urang tambih caket. Pami teu pendak sok aya rasa sono. Pami ningal sareng istri sejen sok aya rasa timburu. Teu nyana geuningan neng oge nyimpen hate ka akang. Tos sami terang isi hate masing-masing, ahirna urang duaan silih balaka, silih ngucapkeun jangji. Duh akang, meni asa ngimpi neng mah. Salami ieu neng nutup hate ka batur. Tapi saprak pendak sareng akang, sagalana janten benten. Akang tiasa ngubaran kasedih neng. Akang tiasa ngabangkitkeun deui perasaan deudeuh neng. Aya angin ngahalilir mawa impian. Aya cinta langgeng salawasna.Kang, poto teh tos katampi. Ieu ge nuju diteuteup. Duh, meni nyeblak .tambah geugeut wae. Disidik2 ti luhur dugika handap, socana, imutna, teuteupna, komo angkeutna. Salah sawios pamanis dina raray akang anu paling dipikaresep.Poto urang duaan bukti gambar diri urang duaan. Nu jadi teuteup minuhan kadeudeuh. Nu jadi batur dina simpe sareng impenan. Leres saur batur , geuningan akang teh kasep meni siga sakti manggulang mangguling, ku gagahna. Teu sakedik istri anu hoyongeun ka akang, tapi kunaon milih neng. Naon kaleuwihan neng, padahal neng jalmi teu gaduh, geulis teu sabaraha. Tapi tiap neng cangcaya, ku keukeuhna akang teu weleh nyarios nyaah sareng deudeuh ngan ukur ka neng. Aya hate nu mepende, aya rasa ku kacinta. Hate ieu kabandang ku akang. Panon poe katutup daun sangenge. Matak hariwang kaasih enggal mulang.Kang, iraha atuh urang pendak deui di tempat munggaran tea. Tempat nu jadi saksi paamprokna urang duaan. Didinya hayu urang silih namplokeun kasono. Silih nyandingkeun kabagjaan. Silih nyiptakeun rasa anu romantis. Urang anteup paduduan, ngahariring tembang kasmaran, tembang asih panyimpai rasa urang duaan.Kang atos heula nya. Sanes neng kirang sono, pami akang lami maca serat ti neng bilih hilap kana sagalana. Mudah2an wengi engke urang kulem tibra dihiasan ku impenan anu endah.Salam sono,Neng
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! ShoppingSend instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
- Re: [Urang Sunda] Serat Kadeudeuh - kanggo MJ Akhmad Gunawan
- Re: [Urang Sunda] Serat Kadeudeuh - kanggo MJ Tito Suryana
Kirim email ke

