Beu...mani asa ku ararendah nya... -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of [EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, December 12, 2005 12:48 PM To: [EMAIL PROTECTED] Cc: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: [gankleboy] Re: Serat Kadeudeuh
kedah ayeuna keneh kitu ieu di walerna???? mangga atuh eneng geulis, diwaler ku AA ieu serat waleranana...... Kahatur : Neng Geulis di pangasoan Salam Sono tikatebihan, Neng Geulis, akank ngaraos bingah bungangang hete teh ayeuna mah, gening eneng teh gaduh paraosan anu sami sareng engkang didieu, satadina mah akank teh sok inggis ambon sorangan bade wakca balaka tiheula ka eneng teh.....tapi kuayana ieu serat ti eneng hate akang jadi blung-blong ti belah mana wae kanggo mapag katresna sareng kadeudeuh neng geulis... eta paraosan ten aya ku sami pisan sareng naon anu di raoskeun salami ieu ku akank, tong hariwang hate akank mah ngan kanggo eneng nyalira. enya neng memang urang teh paanggang, pajauh , akank jauh aya dipangumbaraan...teu tangtu wangsul ka lembur, tapi dina hate akang tetep ngan ukur aya nami eneng nyalira....ditulis ku mangsi emas,diukir,.dirarangkenan kadeudeuh jeung kasono anu salawana nganteng......raga urang nu paanggang teh tapi ati urang mah tetep cumantel , ieuh eneng, sing percaya ka akank geulis,.......tong aya rasa timburu ka akank, lamun akank keur babarengan jeung wanoja sejen...omat eneng ulah salah sangka, eta mah estu sadayana oge rerencangan akank...sanes nu sejen neng ..eta teh rerencangan akank nu sok nulungan akank dipangumbaraan lamun akank keur aya dina kasusah jeung tunggara. bubuhan hirup di pangumbaraan cukleuk leuwung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa, lieuk deungeun lieuk lain jauh ka eneng nu dipikacinta.... neng geulis, hoyong terang naon padamelan akank didieu salami urang papisah tebih dina satiap nafas akank nu aya ngan nami eneng, dina unggal lenngkah akang asa di tuturkeun ku kalangkang eneng, kitu deui apmi siang salawasna nu kabayang kapiraray ngan saukur raray eneng, dina bak mandi, dina eunteung, dina lawang panto, dina lalangit, teu welleh ngabelegbeg gambar raray eneng.....somawona lamun datang peuting dina simbut akang oge nu kagambar teh iwal ti eneng.....bray subuh waktuna hudang nu diteangan ngan ukur eneng digigireun, sugan enyaan kajadian yen tadi wengi teh sanes saukur impian...tapi welleh teu aya lamun dirampa... emh....masih emut pisan akang mah neng naon anu dipilampah ku urang duaan waktu tepang munggaran. kabayang keneh tauteup eneng anu anteb asa iuh nu neuteupna, kabayang keneh kiceip sareng rindatna neng geulis. waktos teuteupan urang duaan paamprok disusul ku gelenyu na imut eneng anu marahmay ngahias pameunteu nu jadi kayas.....moal neng , sing percaya cinta akank moal rek ingkah balilahan kitu wae....unggal akank deukeut jeung wanoja sejen oge, eneng mah tetep sok aya digigireun ngabetotan akank sangkan ulah sulaya....ngenyed kalakuan akank nu matakmawa mamala......moal neng, Moal..........tresna akank moal kabagi, rek disagrogkeun ngan ukur jang eneng. hayu urang ngadu'a babarengan ka Gusti Nu Maha Suci, ku wening ati katresna urang duaan.....mugia harepan-harepan urang tinekanan,pasini jadi bukti.....malati anu ligar na ati kasorang dina wanci nu mustari,campaka anu keur mangkak na dada nyambuang di singgasana urang duaan dina ditenan kabagjaan.... salam sono, akank From: "mojang_akank" <[EMAIL PROTECTED]> on 12/12/2005 03:00 PM Sent by: [EMAIL PROTECTED] Please respond to gankleboy To: [EMAIL PROTECTED] cc: cc: (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC) bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC Fax to: Subject:[gankleboy] Re: Serat Kadeudeuh Nyobian ngadamel serat. Sakantenan nyobian nedunan MH. Punten ieu mah diajar keneh da tara ngadamel seseratan kanggo kabogoh, biasana nu praktis we ku sms....hehehe Akang nu dipikaasih, Kang, ti saprak urang pasini pakait ati, teu aya deui mung ukur akang dina hate neng. Najan urang paanggang jauh tapi hate urang tetep caket. Najan seueur anu darongkap ngarepkeun cinta, tapi ku neng teu dipalire. Asa nembean ngaraoskeun cinta anu sakieu ageungna, kasono anu sakitu endahna. Ngagulihga ieu hate dugika bingung kedah kumaha. Ti saprak pendak munggaran, aya kesan anu moal hilap ku urang duaan. Duka kunaon waktos harita, neng oge ngaraos gaduh perasaan anu benten. Tapi harita mah teu diindahkeun da bilih lepat sasangkaan. Teu disangka geuning akang mah tos nyimpen hate. Mung teu wantun balaka. Tambih kadieu urang tambih caket. Pami teu pendak sok aya rasa sono. Pami ningal sareng istri sejen sok aya rasa timburu. Teu nyana geuningan neng oge nyimpen hate ka akang. Tos sami terang isi hate masing-masing, ahirna urang duaan silih balaka, silih ngucapkeun jangji. Duh akang, meni asa ngimpi neng mah. Salami ieu neng nutup hate ka batur. Tapi saprak pendak sareng akang, sagalana janten benten. Akang tiasa ngubaran kasedih neng. Akang tiasa ngabangkitkeun deui perasaan deudeuh neng. Aya angin ngahalilir mawa impian. Aya cinta langgeng salawasna. Kang, poto teh tos katampi. Ieu ge nuju diteuteup. Duh, meni nyeblak?.tambah geugeut wae. Disidik2 ti luhur dugika handap, socana, imutna, teuteupna, komo angkeutna. Salah sawios pamanis dina raray akang anu paling dipikaresep. Poto urang duaan bukti gambar diri urang duaan. Nu jadi teuteup minuhan kadeudeuh. Nu jadi batur dina simpe sareng impenan. Leres saur batur , geuningan akang teh kasep meni siga sakti manggulang mangguling, ku gagahna. Teu sakedik istri anu hoyongeun ka akang, tapi kunaon milih neng. Naon kaleuwihan neng, padahal neng jalmi teu gaduh, geulis teu sabaraha. Tapi tiap neng cangcaya, ku keukeuhna akang teu weleh nyarios nyaah sareng deudeuh ngan ukur ka neng. Aya hate nu mepende, aya rasa ku kacinta. Hate ieu kabandang ku akang. Panon poe katutup daun sangenge. Matak hariwang kaasih enggal mulang. Kang, iraha atuh urang pendak deui di tempat munggaran tea. Tempat nu jadi saksi paamprokna urang duaan. Didinya hayu urang silih namplokeun kasono. Silih nyandingkeun kabagjaan. Silih nyiptakeun rasa anu romantis. Urang anteup paduduan, ngahariring tembang kasmaran, tembang asih panyimpai rasa urang duaan. Kang atos heula nya. Sanes neng kirang sono, pami akang lami maca serat ti neng bilih hilap kana sagalana. Mudah2an wengi engke urang kulem tibra dihiasan ku impenan anu endah. Salam sono, Neng Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

