Edun euy kang boim…hebat..hebat..laah..

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of kang boim
Sent: Monday, December 12, 2005 1:28 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Serat Kadeudeuh

 

Ngiluan ah.......!!!
itung-itumh mangwalerkeun di akangna.....heheeh

Kahatur,
Neng nu aya
di panyungsian hate....

Serat parantos katampi kalayan lulus banglus lir jamparing melesat tina gondewa, sami sareng melesatna jamparing hate akang anu sumarambah nyaliara na hate neng. ayeuna oge ieu serat teh keur di teuteup diusap pinuh ku kaheman teu cukup kusakali maca hantem dibulak balik sok sanajan geus sababaraha balikan taya kabosen heunteu bae ari nepi ka leuceuk atawa lamokot mah.
Eh geuning ampir sami antara perasaan hate neng jeung akang teh..., atuh ari kitu mah urang teh leres leres tos ngajodo sok sanajan urang can lami ikrar janji pakait ati rek satuhu satia moal aya nu bisa misahkeun kacinta jeung katresna urang duaan.
Enya ceuk batur mah akang kasep jeung gagah heunteu susah neangan nu bogoh, tapi ari keur akang mah neangan pibatureun hirup teh lir ibarat neangan emas dina tumpukan inten berlian teu gampang milihna da itu ieu sarwa hade jeung endahna. Ngan basa tepang jeung Neng, bet aya rasa nu beda nu ngancik na hate akang, asa aya nu ngaharewos kana ceuli akang majarkeun tah ieu pijodeum anjeun. Tapi harita akang tacan aya kawani loba kahariwang jeung karempan sieun neng geus aya nu boga. Ieu rasa teh dipendeum sakitu lilana sok sanajan urang sering tepang jeung reureujeungan tapi akang tetep can aya kawani.
Akang oge sok timbul rasa sirik jeung keuheul na hate lamun ningali Neng akrab manckrama jeun lian pedah naha Neng teu surti kana hate akang, padahal mah teu kudu boga rasa kitu da urang harita tacan pada-pada neundeun hate.
Ayeuna urang geus pada-pada kedal janji rek satuhu satia moal aya nu bisa misahkeun kacinta jeung katresna urang duaan, akang rek nitipkeun hate ka Neng ngan moal ari nitipkeun ATM jeung kartu kiridit mah da ATM tara aya eusian jeung kartu kiriditna oge teu aya, akang janji moal ngolembar kasasaha sok sanajan aya nu leuwih da lain eta nu diteangan ku akang sok sanajan enya wenang tea mah lalaki miboga leuwih ti hiji tapi akang tetep rek satuhu satia kana janji urang anu geus kedal mangsa bulan purnama kamari. Akang percaya ka Neng moal rek baha sok sanajan dibibita ku emas jeung inten berlian, pan harita Neng kungsi kedal ucap lain harta nu diudag tapi rasa iman jeung taqwa nu jadi udagan. Sok sanajan akang teu rumasa geus jadi jalma anu soleh da iman jeung taqwa mah geus jadi kawajiban urang sarerea.
Mangsa purnama kamari mangrupakeun mangsa nu moal kapopohokeun pikeun urang duaan, harita urang pada pada-pada keal ucap rek satuhu satia hamo pisah deui. Na iraha urang bisa tepung pikeun namplokeun kasono jeung ka asih nu geus ngagalura jeuroen dada, tapi tong hariwang bulan rayagung hamo moal lila deui datang, dagoan akang rek datang ka kolot Neng, rek wakca balaka menta Neng pikeun dipihukum ku akang sangkan kasono jeung kaasih bisa tamplok taya aling-aling.

Cag...sakieu heula waleran ti akang,lain teu sono jeung geugeut tapi hancaeun loba keneh nu katunda pikeun ngudag pibeukeuleun urang ka hareup.....

 Akang
nu sono salilana.....






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke