Wa'alaikum salam wr. wb.
punten ah, sakalian rek diajar nulis, cita-cita mah dina umur 35 teh geus boga novel nu kandelna jiga novel samurai. tapi nepi ka umur geus buntut lima ampir genep keukeuh teu bisa nulis. he he he he
kuring,
* Wasta: Dudi Herlianto
* Nenehna: Dudi, Endhut
* Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat surelek/e-mail,
ramatloka/website, jsb.): dudi_herlianto, borondongjagong, kurangsaeundandiinternet, dudi.herlianto , balukbuk, banjarasih, deha.wordpress.com
* TTL: sumedang, 06 juni salawe taun katukang
* Kawit: banjarasih, sarimekar, jatinunggal,sumedang
* Padamelan: buruh
* Kasang tukang atikan & bibit buit: sd-sma kelas dua mah umum we euweuh trayek nanaon, kelas 3 smu naek jurusan ipa, kuli ah di statistika ipb, ayeuna aya rencana neruskeun sakola ngan can boga modal :(
***
ukur 15 taun kuring sahateup idek liher unggal poe jeung nu jadi kolot teh. ukur lima welas taun kuring hirup di lembur banjarasih tutugan gunung balukbuk. baheula mah kaereh ka kacamatan wado (kacamatan gula tea). ayeuna geus mekar jadi dua kacamatan, lembur kuring jadi kaasup ka wilayah kacamatan anyar, jatinunggal.
nincak umur kalimawelas, kapaksa najan beurat-beurat oge ninggalkeun nu jadi indung. heueuh da rumasa hirup di lembur. sakolaan teh ukur aya nepi ka tingkat smp. eh bohong ketang, pas kaluar smp teh di kota kacamatan kakara diadegkeun smu, jeung aya oge madrasah aliyah.
nya tisaprak harita, kira kira bulan juli 1995, kuring ngumbara, gara-gara sakola. ngan ngumbara teh ukur ka dayeuh sumedang (sakola di smu di jalan pgu 39 sumedang). unggal saminggu sakali balik ka imah. teu loga kagiatan nu dipigawe salila eta. sakadar sakola teu leuwih.
lulus smu, agustus taun 1998, kuring neruskeun sakola ka dayeuh pakuan, bogor. di ipb jurusan statistika. naha milih ipb? alesan kadua, pedah eta we, aya babaturan nu hayang ka statistika oge. cék manehna supaya saingan ngurangan bagi dua we, manehna daftar ka statistika unpad, kuring ka ipb. alesan kahiji kusabab teu jebol pilihan kahiji (kuring asup pt ngaliwatan umptn, pilihan kahiji itb, kadua ipb). keur kuliah ge teu loba kagiatan, ukur ulin jeung ulin wungkul.
taun 2003 bulan agustus, kuliah lulus, jangkep 60 bulan kuring kuliah di ipb. kaasup nu telat oge keur ukuran ipb mah. babaturan rereana lulus 4 taun. ngadon kakalayaban di batawi. nepi ka januari 2004 ngadon kuli di sucofindo, ngilu proyek bbm. beres ngilu proyek ngadon nganggur dua bulan. bulan mimiti mah karasa ngeunahna, pagawean ukur sare jeung maen gim. nincak bulan kadua kakara ngarasa bosen. tapi ukur dirasa wungkul, neangan gawe mah mumul. teu jiga babaturan rajin neangan lowongan boh ti koran boh ti internet.
nepi ka sakali mangsa aya babaturan nelpon nawaran gawe keur ngabek ap data salah sahiji acara di tv swasta dina raraga pemilu langsung 2004. mun teu salah mulai ngagawean teh tanggal 8 maret 2004. ti mimiti harita kuring jadi buruh di eta pausahaan nepi ka ayeuna.
najan kakalayaban di batawi, ari balik mah tetep ka bogor.
sakitu we ah,
:::dh:::
nu era parada
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

