* Wasta: Ebeng Sobar * Nenehna: Ebeng (Kang Ebeng) * Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat surelek/e-mail, ramatloka/website, jsb.): Email : [EMAIL PROTECTED] YM na : --- Website : -- * TTL: Majalengka, 1 Mei 1958 * Kawit: Desa Gandu, Kacamatan Dawuan, Kabupaten Majalengka * Padamelan: Kantos jadi tukang rokok kuriling bari sakola, Juru Buku Kredit Candak Kulak (KCK) & Juru Timbang di Koperasi Unit Desa (KUD) Model Gandu taun 1978 1982, di Bank Negara Indonesia 1946 (ayeuna BNI) ti kawit 02 Juli 1982 dugi ka ayeuna * Kasang tukang atikan & bibit buit: SD Negeri di lembur (lulus taun 1970) di Desa Gandu, SMP Negeri Kadipaten (sawala) lulus taun 1973, teras SMA Negeri di Majalengka lulus taun 1976. Neraskeun Kuliah di Sekolah Tinggi Ilmu Administrasi Negara (STIA) Lembaga Administrasi Negara (LAN) Jakarta, lulus taun 1997 (nembe kuliah saatosna damel di BNI, malum sepuh teu mampu ngabiayai kuliah, atuh kapaksa kudu gawe heula). Ieu mah pikeun ngabantu kana jejer lalakonna, teu langkung ari guluyurna mah: * cukang lantaran ngumbara * geus sabaraha lila ngumbara * aktivitas/kagiatan
Januari taun 77 sabada lulus SMA, indit ka Jakarta milu cicing di lanceuk bari bunta bantu pagawean di bumina (mulai ti nyangu, masak sayur/angeun, nyuci/nyeuseuh dugi ka nyetrika anggoan, sasapu dugi ka ngepelna dicabak ku sorangan), bari jeung nyoba ngalamar ka ditu ka dieu; di antarana kungsi ngalamar di Dept. Peeindustrian, ngan hanjakal hasil tesna dugi ka ayeuna teu terang lulus henteuna (harita nyebutkeunnana rek diumumkeun di Kantor Dept. Perindutrian di Jl. KH. Hasyim Asyari, tapi diundur-undur terus, nu ahirna bosen ningalian pangumuman, mendingan milih mulang ka lembur). Waktu rek ngalamar di Dept. Perindustrian eta kuring kungsi disangka urang Batak, pedah logat kuring nurutan urang Batak. Taun 78, balik deui ka lembur terus dipenta digawe di KUD Model Gandu (dina ha ieu lain kuring nu ngalamar, tapi KUD nu menta supaya kuring digawe, disusulan ka rorompok). Terus digawe nyepeng Kredit Candak Kulak (KCK). Susahna meneran KCK, da samemehna kollektibilitas mung 10% (lanataran lolobana kredit fiktif), modal Rp500 rebu kalayan wilayah kerja 3 desa (Desa Gandu, Genteng & Dawuan), alhamdulillah dina waktu 2 taun kalayan tambahan suntikan modal Rp700 rebu, kollektibilitasna jadi 98%, dana jadi Rp12 juta kalayan wilayah kerja jadi sakacamatan Dawuan. Pangalaman sedih harita, kuring pasea jeung Kepala Koperasi Kab. Majalengka, malahan dipenta ka Ketua KUD supaya dieureunkeun, tapi kulantara kuring bener jeung geus aya hasilna, kuring dibela ku Ketua KUD, tetep digawe bari ngalatih nu sejen (regenerasi) lantaran kuring ditambah gawe nyekel Pengadaan Pangan. Taun 80 kungsi milu latihan/pendidikan Manager KUD di Bandung, taun 80 oge kuring lulus tes di BNI, tapi kuring karek mulai digawe di BNI bulan Juli 1982 (1,5 taun ti saprakna lulus tes, kuring karek digawekeun). Ti harita kuring nganjrek di Jakarta, punduh pindah, mimiti milu jeung ki lanceuk di Radio Dalam, jeung ki lanceuk teu kuat lila, terus ngontrak di Jl. Kingkit II/Jl. Juanda deukeut Monas/Istana Presiden tepikeun ka taun 1985. Maret taun 85 laki-rabi, Aprilna pindah deui ngontrak di Radio Dalam Jakarta. April 87 pindah di Pamulang, nganjrek dugi ka ayeuna Taun 1990-1994 kuliah di STIA LAN, 3 taun nyusun skripsi ngahaja dilila-lila supaya panghargaan ti kantor beunang waktu kuring geus naek pangkat. Taun 1997 karek lulus jadi S1. Kagiatan Seni : - Taun 1978-1982-an, waktu masih di lembur, ngabentuk IPPG (Ikatan Pemuda & Pelajar Gandu) anu salah sahiji widang kagiatanna nyaeta di widang seni (sandiwara/drama). Kungsi sababaraha kali manggung tepikeun ka daerah Mandirancan, Kuningan. - Taun 1983-an 1993-an aktif di Seni Sunda Degung BNI, kungsi milu pasanggiri sa-JABOTABEK, kungsi jadi Juara harapan I + Juara II. Salian ti eta pikeun panambah-nambah panghasilan, kuring sering jadi si-LENGSER dina acara-acara upacara pernikahan.adat sunda. - Taun 2000, tepang sareng Kang Ebet Kadarusman, diajak ngiring siaran di Acara Kang Ebet Show tiap dinten Saptu, di Radio Elshinta Jakarta. Juli Taun 2001 Kang Ebet teu damang wales (stroke) waktos rekaman acara ARISAN kanggo tayangan di TPI (waktu ulang taun kota Cianjur). Kumargi kang EBET-na teu damang acara kang Ebet Show anu harita siaranna di Indovsion (live) anu disiarkeun oge di Radio Elshinta, digentos nu rencangna disarengan ku sim kuring dugi ka ahir taun 2001. -Taun 2001 oge ngiring acara ASAL di SCTV, mirip kang IBING (sanajan nu mirip ukur sora, da ari rupa kuring mah kumisan + janggotan, jadi samemehna pentas kapaksa kumis jeung janggot dikurud heula supaya rada mirip. Ari soal acting bloon mah teu susah, da geus biasa manggung) --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalaamu'alaikum! > Sampurasun! > > Kumaha baraya daramang? > > Baraya, dina raraga ngararancang buku Kusnet katilu > anu-sugan jadi-jejerna > ngeunaan "Urang Sunda Ngumbara", simkuring seja > umajak ka baraya sadaya, > utamana anu ngalumbara (boh nu kiwari masih ngumbara > atawa nu tos mulih > deui), boh di luar negri (misalna di Timtim, > hehe...) atawa masih di > Indonesia keneh, supados medar lalakon, kumaha > asal-usul ngumbarana, dina > raraga naon, pangalaman naon bae nu karandapan, > jeung sajabana. > > Sasieureun sabeunyeureun, tangtu aya di antawis > pangalaman baraya anu bisa > jadi eunteung pikeun kumna urang sadaya. > > Kanggo kalengkepan, pamugi para wargi kersa ngeusian > oge formulir biodata di > handap. > > * Wasta: > * Nenehna: > * Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat > surelek/e-mail, > ramatloka/website, jsb.): > * TTL: > * Kawit: > * Padamelan: > * Kasang tukang atikan & bibit buit: > > Ieu mah pikeun ngabantu kana jejer lalakonna, teu > langkung ari guluyurna > mah: > * cukang lantaran ngumbara > * geus sabaraha lila ngumbara > * aktivitas/kagiatan > > Panuhun anu kacida, saupamina kadang wargi kersa > ilubiung dina ieu > rarancang. Hatur nuhun sateuacanna. > > Baktos, > > -- > sikandar > www.urang-sunda.or.id > su.wikipedia.org > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

