* Wasta: Sahman
 * Nenehna: Dede(geugeut ti pun biang, si bungsu rada manja=mandi jarang, egois-an, tukang pundung keur leutik mah),Sahman
 * Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat
 surelek/e-mail,
 ramatloka/website, jsb.): [EMAIL PROTECTED], YM: sahman_dede, web : http://jatigede.bravehost.com 
* TTL: Sumedang, 20 Sept 1974
* Kawit: Cibungur, Darmaraja, Sumedang
* Padamelan : Karyawan Swasta 
* Kasang tukang atikan & bibit buit:-
SDN Cipeundeuy-Sukaratu : 1981-1987
SMPN 1 Darmaraja : 1987-1990
SMAN 1 Darmaraja : 1990-1993
 
Masih keneh jomblo(kahayang mah urang Sunda jodo teh, tapi upami dipasihan urang jauh ge teu nanaon...).
 
Karesep, kukurilingan ka alas, asruk-asrukan ka tempat anu can nyaho ku sim kuring. Ningali ngemploh hejona alam, ngangseu pepelakan, hawa gunung,jarami buruk, ledokna sawah, ngurek belut.Photography sareng baca novel(tapi sanes novel roman picisan)komo novel Jhumpa Lahiri,Naguib Mahfudz,Gabriel Marquez sareng Jostein Gaardner.
Resep ka Film Film Favorite abdi "Innocent Voice"(paling resep),Kandahar,Contact sareng Xiu Xiu. Sareng kamari nonton Jiffest "Le Grand Voyage" dugi ka ceurik abdi mah....   
 
Impian abdi : hoyong gaduh imah model Sunda di tengah sawah anu aya balong seueur lauk emasna, sareng hoyong gaduh pembibitan gratis kanggo masyarakat kanggo gunung-gunung anu tos bolenang.
Impian kadua : gaduh pusat Informasi jatigede sareng peninggalan Sumedang larang(sanajan ngan ukur motoan.
 
Ah sakieu, teu aya deui nu aneh abdi mah.
 
D.Sahman


Website :
http://jatigede.bravehost.com/

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke