Waalaikumsalam Wr.Wb.
 
Kang "Dur".
 
Ieu mah sanes promosinya, di TASIK oge aya anu samodel di Garut nyaeta:
 
1. Pasantren AMANAH (SMP/SMA Plus Pesantren ) sami dikelolana oge ku Muhammadiyah sareng kurikulumna oge sami sareng di Darul Arqom mung teu kedah aya rekomendasi ti cabang pami bade lebetna mah asal testingna bae tiasa. Alhamdulilah alumnina oge aya anu ditampi di ITB, di AKABRI, di Kedokteran enya oge kedokteran dinu enggal muka di Universitas Jakarta (IAIN Jakarta)atuh sumawona di IAIN mah. Dupi alamatna di Sambong (rada caket upami ti UNSIL mah) tah ieu no. tlp-na (0265)-340349.
 
2. Pasantren PERSIS ayana di kampung BENDA.
 
Cag ah.
WAG

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wass.Wr.Wb.
 
Kang "Gus" Dur.
Di Garut aya dua pasantren nu kawilang hade. Disebut hade, kulantaran ieu pasantren teh, pasantren terpadu. Santrina salian ti dididik perkara agama oge pangaweruh umum. Jadi salian meunang ijazah pasantren oge meunang ijazah saluyu jeung tingkatan sakolana, MTs/SMP, MA/SMA. Najan tara masang iklan di media masa, tapi santrina daratang di sakuliah Indonesia. Lulusan ieu pasantren insya Allah maher basa Inggris jeung Arab. Kukituna alumnina ditarima ku Universitas-Universitas di Timur Tengah. Pasantrenna asrama penuh, kagiatan diajarna "full-day". Ngan asupna rada kompetitif. Biasana perlu aya rekomendasi ti cabang organisasina.
 
Pasantrenna ieu:
1. Pasantren Darul Arkom, dikelola ku Muhamadiyah. Tempatna diperbatasan antara Garut - Tasik. Baheula waktu kuring ulin ka dinya, Kiai-na beuki udud. Hehehe. Bari ngobrol hayoh we ngebul. Resep ulin kadieu mah, sok disuguhan dodol Picnic.
 
2. Pesantren Persis, dikelola tangtu ku Persis nya. Hehehe. Tempatna di Cipanas Tarogong. Tah nu ieu mah teu beuki udud.
 
Tah sakitu we heula, sugan aya mangfaatna.
 
Salam,
MH

durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Sinareng hormat,

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke