----- Original Message -----
Sent: Tuesday, December 13, 2005 8:18
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Waleran kanggo
kang Toni.....
Duh...! engkang, ku harianeun.......
Akang teu emut basa urang pasini jangji.....
Apan harita teh nepi ka ngaburayot surelek , balas dipake nulis
katresna.
Naha teu emut, padahal geus disauran dina seeng sangkan urang patepung
dina acara HBH.
Duh ...engkang....
Kunaon bet teu sumping..?
Padahal kuring mah jauh-jauh dijug-jug, anggang di teang hayang panggih
jeung anjeun.....
Di belaan mondok moe, dina waktuna pasini, rebun-rebun geus
campego dihandapeun tangkal cikur....nu didagoan sulaya....
Duh...engkang...
Keun wae jepun mah, da kitu kahayangna...
Babaktos teh aya mangsana mangkir.....he he
Iraha atuh urang patepung lawung, patepang raray..?
Anjeun anu ka pidangdung.....!
ipeut
( diajar susuratan )