Ieu mah ngan sakadar ngabejaan bulu tuur, pedah we aya nu keur "ngadu pantun".
Lamun urang ngilikan KUBS (Kamus Umum Basa Sunda) LBSS, aya katerangan ngeunaan pantun, kecap pantun ngandung harti :
1. mantun, nyaritakeun (ngadongeng) bari diselang nabeuh kacapi, carita pantun biasana nyaritakeun jaman karajaan baheula, saperti carita Ciung Wanara, Lutung Kasarung, Nyi Sumur Bandung, Mundinglaya Dikusumah, Budak Manjor, Badak Pamalang, Panggung Karaton jste.
Biasana samemeh der mantun, prepantun (tukang pantun) sok amit-amit heula biasa disebut rajah pamuka, kitu deui lamun geus lekasan sok saduk saduk bisi aya kasalahan dina nyaritakeunana disebut rajah pamunah (hapunten bisi pahili, lantaran kungsi maca rajah pamunah teh keur bubuka rek mantun).
2. ngaran sarupaning basa dangdingan anu tungtung jajaranana diwangun ku kecap anu murwakanti ( nya ieu meureun anu dimaksud "ngadu pantun" teh).
Ngan biasana nu disebut pantun dina sastra Sunda leuwih condong kana carita pantun, beda deui dina sastra Indonesia nu sok dihartikeun saperti harti no.2
Lamun urang ningali nu keur mantun sok karasa geter mistis, ceuk cenah eta teh perbawa carita anu teu sagawayah bisa ditanggap komo lamun carita anu kahot kayaning Lutung Kasarung atawa Ciung Wanara, lantaran aya kaitan jeung awal kajadianana Urang Sunda,didinya aya sakralitas rohang (ruang, Ind) jeung waktu.
Aya deui anu rada memper siga kitu biasa disebut Rarakitan jeung Paparikan, sisindiran anu diwangun ku dua jajar cangkang jeung dua jajar eusi  contona :
 
kamana nya nyiar kulit
hayang seubeuh sesewiran
kamana nya nyiar duit
hayang seubeuh pelesiran.
  
Aya meri dina rakit
boboko wadah bakatul
lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur.
 
Mangga lajengkeun "ngadu pantun"na.
 
MSasmita
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke