joko tingkir wrote: > Aya henteu kecap : saranggeum = sakeupeul. > Cing saha anu pernah ngageugeus ? Ayeuna jiga jarang > pisan aya pare anu dibuatna ku etem, ditalian > sapocong-sapocong, dipoe geus garing terus digeugeus, > terus disimpen di lumbung. Butuh beas, pare ditutu > dina jubleg atawa lisung terus ditapian. Samemeh > disangu, diisikan heula. Nyanguna beas diseupan dina > aseupan (make seeng, suluhn aku kai/kayu), terus > diarih dina dulang, sanggeus asak diakeul, > dibulak-balik ku centong bari digeberan ku hihid, > terus diasupkeun ka boboko. > > Jaka
Lamun dilemburmah baheula nya loba anu melak pare gede, panen tara diarit tapi ku etem, terus dibengketan sapocong-sapocong. di poekeun di encrak sapocong-sapocong supaya garing jeung gagangna, geus garing karek di pangkek (dihijikeun sababaraha pocong) rubah ngaana jadi "sagedeng". Lamun dibawana rek ngajual atawa ka tempat panutuan tanggunganana khusus ngarana "ancak" mun teu salahmah. Kang Jaka di BNI ? meuren kenal sareng Kang Agus SP. waktos di bkt - padang mah nelahna Agus Preman. Pami sakantor Salam ti abdi. Hendra. bkt ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

