punten ieu bade nambihan literatur kanggo aoseun eta perkawis, mudah-mudahan tiasa balance dina nampi sagala informasi nu aya. nyanggakeun;

http://media.isnet.org/islam/Qardhawi/Kontemporer/WasiatTanggapan.html
http://media.isnet.org/islam/Qardhawi/Kontemporer/WasiatTanggapan1.html

salam baktos.
heri saparakanca


On 12/13/05, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Haturan Baraya...,
sim abdi narima surat nu sarupa kieu teh ti keur jaman SMP/SMA malah nepi ka aya nu ngirim via pos sagala duka timana nimuna alamat si abdi tah... awalna rada percaya jeung sieun tea malah kungsi moto copy ieu surat nepi ka 25 lambar harita teh terus dibagikeun aya nu ngaliwatan pos aya nu langsung, Alhamdulillah nepi ka eyeuna teu aya kajadian nanaon sugan meunang kauntungan atawa kumana berekah teu naon-naon.
Ari kana ajakannana mah sae ieu surat teh tapi aya ku aneh make jeung geus nganyahokeun kajandian pikahareupeun sagala jeung aya samodel ancaman lamun teu kieu tinangtu kitu, pan bagja pati mah sanes tos aya nu ngatur nyaeta Allah Swt.
sareng ari nasib hiji jalmi mah pan gumantung kana pribadina masing-masing sanes..., lamun urangna keyeng tinantu hasilna munel, lamun urangna rajin ibadah tara poho kana parentah gusti tinangtu baris salamet engke jaga di akhir sok sanajan ari panilaian mah kumaha Allah Swt nu langkung uninga.
Nu penting pikeun urang mah aya usaha/ikhitiar pikeun kalumangsungan hirup kumbuh di alam pana ieu jeung ulah poho laksanakeun parentah Allah Swt jeung jauhan laranganana...

Cag...ah, punten bilih aya anu kirang merenah. Nuhun.

"kudjangs kembar"









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke