Pangemut mah kitu. Kangge kagiatan kapayun tiasa dileubeutan deui. Samentawis urang cobian heula anu ieu. Nuhun.

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
Urang budayakeun nu siga kieu janten salah sahiji
cingcirining padamelan KUSnet. Upami Kang Ganjar teu
kaabotan mah, sakantenan wae, ngadamel usulan kumaha
Ki Sunda kapayun, usulkeun ka anggota DPD Jawa Barat
di MPR, atanapi ka pangawasa Jawa Barat.


baktos,

mrachmatrawyani

--- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu 'alaikum Wr.Wb.
>   
>   Ki dulur, salah sahiji kagiatan nyata anu ku urang
> tiasa dilaksanakeun, nyaeta maparinan bongbolong ka
> pamarentahan kota Bandung dina raraga
> ngaraksa-ngariksa kota anu janten puseurna tatar
> sunda.
>   
>   Eta bongbolong teh, tiasa dipidamel dina wangunan
> serat, tapi eusina ngadugikeun hal-hal anu sipatna
> kongkrit tiasa dilaksanakeun ku pamarentahan kota
> Bandung.
>   
>   Sababaraha hal anu tiasa didugikeun diantawisna :
>   
>   1. Ngaropea tata ruang
>   2. Ngaropea pasar
>   3. Ngaropea patalimarga (transportasi angkutan
> umum)
>   4. Ngembangkeun kasenian/kabudayaan oge pariwisata
>   5. Pasualan lingkungan
>   6. Ssb.
>   
>   Upami tos rengse, engke urang bukukeun teras
> didugikeun ka walikota sareng DPRD. Pasualan
> dilaksanakeun atanapi henteu, paling henteu urang
> parantos maparinan bongbolong anu kongkrit sareng
> positif, tandaning asih ka kota BANDUNG. Kangge
> ngaedit sareng nyitakna, Insya Alloh pribados
> nyadiakeun waktos.
>   Upami panuju, seratan tiasa diantos salami tilu
> sasih ti ayeuna.
>   
>   Nuhun,


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Nouveau : téléphonez moins cher avec Yahoo! Messenger ! Découvez les tarifs exceptionnels pour appeler la France et l'international. Téléchargez la version beta.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke