Kontribusi naon anu dimaksad?

Aya organisasi Persatuan Umat Islam (PUI) lahir taun
1930 an (pami teu lepat mah), anu kakoncara di jaman
awal kemerdekaan mah, ngusahakeun sareng ngadegkeun
sakola anu dadasarna kaislaman. Dugi ka ayeuna eta
organissi masih aya, sok sanaos teu patos kapireng
deui kiprahna. Aya Kiai Abdul Halim, anu ayeuna janten
nami jalan utama di Majalengka, sareng anu masihan
nami kuring ka pun bapa.

Aya pangarang Ayip Rosidi, elmuwan Ayat Rohaedi,aya
Yogi Suardi Memet(manten mendagri), aya ahli Atom anu
linggihna di Wina (sahanya  nami asli Kang Michael
Ontohod teh?), aya Salik Firdaus. 

aya jenis hui boled (ti Maja) anu amis pisan, tapi teu
aya di tempat sanes. Mung hanjakal teu di budidayakeun
sareng teu dimasyarakatkeun. Aya kecap
Majalengka/Kadipaten anu khas. Aya rangginang khas ti
kadipaten, aya peuyeum ketan anu dibungkus ku daun
jambu, Aya Oncom goreng ibu Entar, anu rasana rame
(amis, asin, haseum). Aya jenis duren sinapeul (di
Rajagaluh),aya batu ubin khas Majalengka (di Bobos, ti
Gunung Kromong).


baktos,

mrachmatrawyani


--- Febby Fajrurrahman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>     Ti sababaraha buku sejarah Jawa Barat (Sunda) nu
> kantos dibaca ku simkuring, boh nu bahasa indonesia
> atanapi bahasa sunda. Ngan sakeudik anu nyebatkeun
> atanapi nu ngabahas daerah Majalengka, daerah sim
> kuring. Duka kunaon nya.. manawi sepanjang sejarah,
> Majalengke henteu masihan 'kontribusi' anu ageung
> kana persejarahan di Indonesia, Jawa Barat khususna.
> Ta aya faktor nu sanes, nu menurut analisa sim
> kuring mah tina nami Majalengka nyalira anu teu
> nyunda, leuwih cenderung ka jawa-jawaan. Margi
> kuring kantos mendakan hartos MAJALENGKA =
> MAJAPAHIT. Tapi eta meh nembe dugaan samentawis,
> duka leres henteu namah. tapi nya Insya Allah leres
> jigana mah.
>   Kanu terang 'peran serta' sareng 'kontribusi'
> Majalengka ka Sejarah Sunda atanapi Jawa Barat
> diantos. Kirang pisan literatur ngenaan Majalengka
> teh.
>    
>   Hatur nuhun
>    
>   Febby Fajrurrahman 
> 
> 
>                       
> ---------------------------------
> Yahoo! Shopping
>  Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo!
> Shopping 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke