Damang teh ika?
 
Abdi ge nembe kamari ka imigrasi ngadamel ERP nu kulawargi bos abdi, da kuitansi anu resmi
mah ngan saukur 150rb sajalmi, tapi tetep aya nu teu resmi na hampir satengahna...
janten rada bingung nyarios ka bos na...da kumaha nyungkeun sakumaha nu aya kuitansi na sakumaha..
bilih teu di percanten...untung we bos abdi ngartos...ohh pamarentah endonesa mah emang kitu..
saleresna mah teu raos eta teh...da kumaha2 ge urang teh aya na di endonesa janten kabawa2 sapertos padamel pamarentah.
 
~mia~

 
On 12/15/05, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun Kang. Abdi kaleresan aya kunjungan ka Imigrasi Malaysia. Ningal proses ngadamel paspor dugi ka dapurna. Ngadamel paspor mung sadinten teu aya pungutan tambahan. Muhun ayeuna mah ngabandingkeun sareng Malaysia oge asa tos tebih, da cara mikir sareng gawena tos benten pisan jeung urang.
Muhun tebih pisan nya pelayanan di urang mah. Saurna TKI sok janten obyek pemerasan. Pan dunya kanggo nu rakus mah teu cekap-cekap panginten. Matak nagara teh balangsak, jeung teu aya kareueus jadi bangsa nu sakitu ageung teh.
Diantos unek-unek nu sanesna.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke