|
Da saenyana atuh, Wado teh leuwih sohor
tibatan Sumedangna, padahal Wado teh ngan saukur kota kacamatan 30 km arah
ngetan ti dayeuh Sumedang. Matak kitu ge meureun bubuhan mindeng kasebut ku
media utamana lamun keur usum mudik lebaran da kaasup jalur alternatif tea. Atuh
salian ti eta Wado teh kaasup trayek pangtungtungna di wewengkon Sumedang tatar
wetan mah. Saperti halna di Majalengka, daerah Cikijing ,Rajagaluh jeung
Bantarujeg leuwih ngetop tibatan Majalengkana. Komo di terminal Bekasih mah
ngaran Wado teh geus teu bireuk deui, mun nyebutkeun Wado pasti para calo
nuduhkeun kahiji beus tilu parapat anu boga merek "Andawuri" atawa Purbaya, hiji
beus anu kelirna panglobana. Kaayeunakeun aya oge beus nu trayekna sarua nyaeta
Medal Sekarwangi atawa leuwih dikenal MS, atuh mun di terminal
Cikarang beus nu jurusan Wado teh Widia atawa Citra
Raya.
Ceuk siaki basa ngadongeng tutumpakan
jaman baheula, mangsa taun genep puluhan tug ka taun tujuh puluhan, aya oge beus
jurusan Wado ka Bandungkeun, ngaran beusna "Gumbira" jeung "Nasional" indit ti
Wado atawa ti Darmaraja kira kira jam tilu janari. Kawantu jalan ti Wado ka
dayeuh Sumedang masih keneh taringgul kubatu sagede gede kalapa,kitu deui
kaayaan beusna nu kudu diinuman wae saban manggih tanjakan atawa mun geus nempuh
jarak sakilo, atuh Wado Bandung teh bisa meakeun sapoe sapeuting. Ongkosna
harita kurang leuwih 3 ketip saurang, kaasup ongkos bahasi sadengkekna, 3 ketip
teh harita sabanding jeung sakintal pareeun.
Sabada usum repormasi, kacamatan Wado
dimekarkeun jadi dua kacamatan nyaeta kacamatan Jatinunggal jeung kacamatan
Wado. Wilayahna ge jadi ngaheureutan untung desa Cisurat pepegatan jeung
kacamatan Darmaraja, nya ahirna ngilu ka kacamatan Wado, kituna mah pantes da
desa Cisurat teh lokasina leuwih deukeut ka Wado tibatan ka Darmaraja. Taun
dalapan puluhan,harita sakola SMA ngan hiji hijina nu aya dipuser dayeuh
Sumedang , nya harita sok loba nu ngomong kieu " Jauh jauh teuing sakola SMA mah
pan di Wado aya !" da enya harita mah mun hayang neruskeun ka slta teh kudu
indekos ka Sumedang. Sihoreng nu dimaksud SMA nu aya di Wado teh Sekolah Membuat
Aci alias pabrik aci kawas nu aya di Ganeas tea. Ngan hanjakal pabrik aci teh
kiwari ngan tinggal ruruntukna, cenah mah alatan bahan baku langka, da eta atuh
alatan sarerea resep ngabarubuyna wungkul, ari melakna mah
ngaredul.
Aya nu teu laas di Wado teh tibaheula nepi
ka ayeuna tetep we aya nyaeta tempat pamepehan beusi atawa sok disebut panday
beusi, anu pernahna sisi walungan Cimanuk pisan persis jambatan, mun arah ti
Sumedang mah ayana kencaeun jalan. Teu jauh tidinya mun ningali ka sebrangeun
Cimanuk atawa nu sok disebut nusa tea , aya benteng ruruntuk jaman soldadu
walanda jeung jepang. Atuh digirangeun sasak taringgul tutunggul kuburan
cenah mah baheula kungsi kajadian, loba nu palastra alatan diserang musuh.
Baheula walungan Cimanuk anu jadi dua aliran teh, keur jaman kadipatian sok
ngahaja diparak biasana diayakeunana lamun keur aya acara seren taun anu
kaparengan waktuna sok mareng keur usum halodo.
Di Wado oge aya pamancar radio amatiran nu
katelah "Tumaritis FM" lumayan mun pasosore sok aya dongeng enteng pasosore,
atuh mun hayang mundut lagu waragadna ngan ukur 500 perak sakali mundut, bisa
sunggal senggol dina acara gentra pasundan anu midangkeun lagu lagu kasundaan.
Asa kurang afdol mun ngagodeng wewengkon Sumedang teu kumplit jeung ngaguar
tahuna. Di Wado ge aya tahu nu ka sohor ngarana tahu Bunter anu
pernahna lebah tanjakan Cae-Cikareo, atawa tahu "nusasari" persisna di
wewengkon prancis, parapatan Cisurat. Nu can kapanggih nepi kaayeuna naon
hartina Wado teh, da pirajeunan di search diinternet mah geuning Wado teh
basa jepang,sigana sabangsaning silat atawa taekwondo. Bilih aya urang Wado
pituin didieu panginten aya nu terang silsilahna, atanapi bade neraskeun
ngadongeng bilih dina dadaran ieu aya nu kirang atanapi nu lepat hapunten.
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Ngaguar Tatar Pasundan - Wado syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] Ngaguar Tatar Pasundan - Wado Dudi Herlianto
- [Urang Sunda] Ngaguar Tatar Pasundan - Wado -Gunun... Jatigede
- Re: [Urang Sunda] Ngaguar Tatar Pasundan - Wad... Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Ngaguar Tatar Pasundan - Wado ely djulia
- Re: [Urang Sunda] Ngaguar Tatar Pasundan - Wad... Dudi Herlianto

