Wa'alaikumsalam wr.wb
 
Haturan kang Dadang damang...?
Saurna bade kadieu iraha eta teh...? malih tos ngawartosan kang Tito.
Aya patarosan sakedik, upami obat luar rivanol sareng betadin cair hasiatna kanggo naon wae ? mana anu paling sae..? sakitu wae kang..!
Hatur nuhun...
 
ipeut

dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wbr.
Kang Budi, nepangkeun abdi pun Dadang Rukanta, danget ieu damel di
Rumah Sakit Al Islam Bandung salaku Dokter Bedah oge Kapapancenan
nyepeng tugas di Kabid Pelayanan Medis..
Punten bade mairan perkawis alat RS, Numutkeun pamendak abdi RS di
Gifu upami di urang mah levelna RS kelas C+ atanapi B, hartosna
kagungan alat kanggo fasilitas pelayanan Spesialistik (perkawis
spesifikasi ku abdi kaimpleng saena sok sanaos taun 98- margi abi
kantos ngalap elmu di salah sahiji RS di Nagoya). Kumargi kitu upami
eta alat medis teh di ancokeun nana kanggo RS Daerah anu kedah
panginten teu sadaya daerah nu tiasa nganggo ku margi failtas
pendukung sareng sumber daya nu kirang. Tah abdi ngusulkeun kumaha
upami daftar alat tea tiasa di mail ka abdi, ke ku abdi dicirian mana
nu tiasa dianggo di Urang. Upami teu tiasa, mangga ke ku abdi di
susun daftar alat medis nu janten standar RS daerah oge RS klas C
sareng B numutkeun standar RS ti Depkes. (tiasa nganggo japri
manawi). Sakitu heula. Hatur nuhun.
NB. Waktos abdi di Nagoya, nu masih aya teh panginten Mas Anto, Kang
Irwan Kang Gunawan oge Kang dadong (naha tos rengse atanapi tos ka
Lemburna deui kitu ??)
Wassalamu'alaikum..
Dadang/daeng



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke