Pami teu lepat dina hal syarat kawin dina hukum Islam
teh :
1. Aya calon panganten lalaki jeung awewe. Pikeun
calon panganten awewe haram hukumna kawin jeung
non-muslim (dasarna lain suku bangsa, rek arab, cina
atawa sunda, lamun lalakina lain Islam haram
dikawinkeun ka muslimah). Calon panganten lalaki haram
kawin ka kaum musyrik (Hindu, Buha, Majusi, Animisme);
ceuk sabagian masih beunang kawin ka awewe ahli kitab
(nasrani + yahudi), tapi ceuk sabagian deui
ngaharamkeun.
2. Aya wali (anu syah numutkeun aturan agama Islam
tangtuna).
3. Aya saksi minimal 2 urang. 
4. Mahar (mas kawin).
5. Ijab qobul.
6. Niatna lain kawin kontrak (mut'ah ceuk Syiah mah).

Lamun syarat-syarat eta geus kacumponan ceuk kuring
mah hartina geus nyumponan hukum agama Islam. Ngan nu
kudu jadi "perhatian" wali jeung calon panganten awewe
kudu ulah aya niatan kawin kontrak. Kulantaran hukum
nagara can kacumponan, sanajan ceuk agamana bener,
jadi masih kurang hade. Bener, hartina teu kaasup
zinah. Beda lamun awewe anu kawin ka non muslim
sanajan dicatet ku catatan sipil, tetep wae
saumur-umur kaasup zinah, ngalanggar hukum agam Islam.
Punten bah Willy, ceuk kuring mah sanes kawin nu
dibungkus ku agama (bilih urang salah prasangka, heug
wae jadi dosa). Lain kuring salah punten koreksi deui.

Baktos
Jaka

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Saleresna mah "kawin kontrak" jeung urang asing nu
> keur digawe di Indonesia, 
> kajadian nu biasa-biasa wae. Baheula di kantor
> kuring aya expert urang 
> Jepang nu cicing di Bandung meunang sataun. Manehna
> salian ti ngontrak imah 
> oge "ngontrak" awewe urang Banyuwangi satauneun.
> Umumna expperariat asing nu 
> asalna ti Asia Timur nu resep ngontrak awewe teh :
> Jepang, Korsel atawa 
> Taiwan. Tapi aya bentenna, urang Asia Timur biasana
> ukur ngontrak sanes 
> ngawin, jadi ieu mah tiasa disebat "kumpul kebo".
> 
> Kasus urang Arab di Sukabumi/Cianjur benten deui,
> ieu diresmikeun make 
> "ritual" kawin. Aya Panghuluna (tapi sanes KUA), aya
> walina jeung aya 
> ijab-qobulna. Jadi ceuk agama mah  ieu teh kawin sah
> jeung halal sanajan teu 
> aya wakil ti nagara (petugas KUA). Tapi ieu
> sakaterang kuring, manawi aya 
> baraya anu langkung terang masalah sah henteuna
> "perkawinan"? .  Atuh dina 
> pepegatanana, cukup  neangan saksi keur nyaksian,
> teu kudu ka Pangadilan 
> agama sagala, terus ngucapkeun "maneh ditalak hiji
> /dua/tilu'. Sah jadi 
> pepegatan. Didieu katingali agama dianggo "bungkus"
> keur hal anu sabenerna 
> mah patulang-tonggong jeung moral agama sorangan
> (ieu oge ceuk kuring, da 
> aya geuning anu gaduh pamandegan benten).
> 
> Awewe nu di kontrak si "sipit" biasana sanes urang
> kampung dusun- meledug, 
> tapi awewe nu pagaweanana memang kitu (umumna PSK
> bin pelacur). Masyarakat 
> umumna nganggap eta teh pagawean goreng, ngan jelema
> anu minculak we daek 
> ngalakukeun kitu. Biasana masyarakat rada sinis kana
> "kawin kontrak" model 
> kieu. Tapi "kawin kontrak" nu dibungkus ku "agama",
> umumna dianggap wajar 
> jeung henteu salah, masyarakat narima. Tah umpama
> masyarakat narima, nagara 
> kudu tanggap, nyieun undang-undangna keur "kawin
> kontrak", supaya puguh. 
> Pangpangna mah keur kapentingan awewe nu dikontrak,
> supaya teu dirugikeun.
> 
> Perkawis akhlak? ......... akhlak mah relatif kumaha
> masyarakatna. Tingali 
> we si Arab nu wantun ngalaporkeun Desy (15 taun) ka
> pulisi, da cenah teu 
> parawan deui. Teu sadar di Indonesia teh aya
> Undang-Undang Perlindungan Anak 
> jeung Undang-undang Perkawinan. Teu sadar, keur
> urang Indonesia mah 
> ngamasalahkeun parawan henteuna teh, kurang etis,
> komo bari mamawa pulisi 
> sagala. Si "Arab" poho, ieu lain di lemburna!. Urang
> Arab eta bisa ditewak 
> kulantaran ngalakukeun hubungan sex jeung budak,
> panghuluna ge (Ustadz) oge 
> sami kuduna dihukum da mere fasilitas. Lamun teu
> salah Undang-undang 
> perkawinan di urang, syarat panganten awewe teh 17
> taun. Upama umurna 
> kirang, tiasa, tapi kedah aya syarat2na. Teu apal
> kuring mah, tapi supaya 
> teu hese, loba nu malsu umur panganten awewe teh,
> supaya gampang di KUAna.
> 
>  Hehehehe ...........ngacapruks deui ..........
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> ----- Original Message ----- 
> From: JUHARA
> To: [email protected]
> Sent: Friday, December 16, 2005 11:46 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Lalakon Urang Arab
> "meuli" kaparawanan wanoja 
> Sunda
> 
> 
> Satujulah, tapi teu aya urusan jeung agama, ieu mah
> urusan moral 
> ..............dan........kemiskinan .............!
> Di China oge seur anu kieu, di Rusia oge
> seur......., agamana mah rupa-rupa, 
> aya anu Budha, aya anu Kristen.....
> Agama mah dipake alesan wae, supaya teu ngarasa dosa
> teuing.................
> 
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> --------------------~--> 
> Help save the life of a child. Support St. Jude
> Children's Research Hospital.
>
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
>
--------------------------------------------------------------------~->
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke