Hatur nuhun Pih, parantos janten Sapongsor (sponsor)
HBH II anu nembe kalangkung.

Waktos HBH II kamari kuring ngobrol sareng Mang Jamal.
Ceuk kuring teh, saena mah mun taun payun aya HBH deui
teh, anu nari teh sanes sanes rumaja anu tos jalebrog
(dewasa), tapi barudak alit, pala putra baraya KUSnet.
Kanggo hiji bukti yen para sepuhna tos tiasa
"nancebkeun" kasundaan ka generasi ngora.

Atuh kanggo kanggo baraya KUSnet, aya pasanggiri
lagu-lagu sunda, atanapi tembang cianjuran. Ari
pangemut sim kuring mah, tibatan "ngaraoke" lagu-lagu
pop, langkung sae upami karaoke kawih cianjuran.

Asana teh waktosna masih cekap, kanggo latihan kawih
cianjuran, kacapi, suling atanapi ngalatih seni sunda
ka  barudak urang, kanggo dipintonkeun dina acara HBH
anu bade dongkap.
Pasti bakal rame HBH III ku pintonan ti baraya KUSnet.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Salajengna, sim abdi miharep deui bantosan sareng
> kaikhlasan para wargi sadaya, kanggo ngayakeun acara
> Halal Bi Halal III Kusnet 2006, dupi tempat anu ku
> sim abdi di ancokeun teh teu aya sanes di Kab.
> Bogor, Kab. Bandung, Kab. Purwakarta sareng Kab.
> Subang, margina sanggem emutan sim abdi eta 4
> Kabupaten teh, gampil/caket ti Bandung sareng
> sabudeureunana, oge ti Jabotabek sareng
> sabudeureunana.
>   Dupi ancer-ancer waktosna urang ancer-ancer bae
> dina ping 4 ~ 5 Nopember 2006, margina Boboran Siam
> 1427 H., nincak dina dinten Salasa + Rebo kaping 24
> + 25 Oktober 2006.
>   Bilih bae kaleresan amengan sareng kulawargi
> atanapi tipausahaan jalan-jalan ka salah sawios
> Villa di eta wewengkon, punten pangninggalikeun
> pasilitas sareng pangnaroskeun waragad sewana, hatur
> nuhun sateu acanna.
>   Pamungkas, mugi dina HBH III Kusnet 2006 langkung
> seueur anu tiasa sumping.....
>   Wilujeng Patepang deui dina acara HBH anu bade
> dongkap, insya Allah......
>    
>   Pihatur,
>   ssw
>   nyandang pancen 
>   janten kuncen 
>   nu ka 6
>    
>       
>     
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke