2005/12/19, mh [EMAIL PROTECTED]:
Baraya,
Urang neruskeun deui kuesioner basa Sunda. Hehehe.
Dua minggu katukang, rengse madungdengkeun perkara ieu: ari basa Sunda naha enya hese?. Respon ti baraya garis badagna mah, bisa dijadikeun dua bagian: basa lisan jeung basa tulisan. Hasil noong sementara, nu sok dianggap hese teh pangpangna basa lisan merenah jeung basa tulisan. Hasil salengkepna, engke urang dongengkeun.
Ayeuna urang teruskeun, kana pananya kadua:
"Cing numutkeun baraya sadayana, ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?"
PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen panoong pribadi sewang-sewangan, upama basa Sunda teh penting lebah mana pentingna. Upama teu penting, oge naon alesanana.Ceuk implengan kuring ieu jawaban teh penting, pikeun nyieun titincakan, ngarah urang boga argumen nu kuat pikeun diri masing-masing, upama hayang milu mulasara basa Sunda. Hehehe.
Salam,
mh
haturan kang MH,
cék kuring, basa teh salah sahiji hal nu teu bisa dileungitkeun tina hiji bangsa jeung kabudayan. lamun basa Sunda leungit geus tangtu bangsa jeung budaya Sunda ge laleungitan. contona dina kasenian.kuring resep ngadéngé kawih cianjuran, kacapisuling, jeung popsunda. kabayang lamun basa sunda dileungitkeun alatan geus teu penting? meureun kuring teh leungiteun karesep. lamun enya ge ceunah keukeuh cianjuran jeung kacapi suling dipertahankeun, kabayang matak lucuna kacapi jeung suling dititah mirig lagu "pejantan tangguh" dina wanda cianjuran =)) :D
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

