Sapuk kang Soni, basa sunda kedah di mumule, sapagodos oge sareng kang Joko Tingkir, piraku bade punahnya basa urang teh...! kulantaran sieun punah, wajib kanggo baraya kusnet boh di bumi boh di kantor ngango basa ibu "sunda". Tapi ari si kuring jeung saha nyarios sunda babaturan kabeh jawa...he he.....
Kanggo kang MH, penting pisan ngango basa sunda, apan ciri kadaerahan. Piraku urang sunda teu tiasa nyarios sunda. Sapertos didieu urang jawi, pasti nyariosna jawi, ..kitu kang Hasan.
ibeur
(indung berang keur ngalalana)
Soni Abunawas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Soni Abunawas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
satuju..pisan kang...
lamun lain urang nu ngamumule bahasa Sunda saha deui nya kang...
sanes kitu,,,,,baraya
-----Original Message-----
From: joko tingkir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, December 19, 2005 11:28 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] KUESIONER: Basa Sunda Penting?
Ceuk kuring lain ukur penting kang, tapi "penting
jeung perlu pisan"
Naon sababna? Lamun diantepkeun tepikeun ka punah, beu
kumaha atuh, hartina urang sunda jadi punah. Piraku
suku bangsa sunda diantep punah, pan sato oge
"dilindungi" supaya teu punah, komo deui urang manusa.
Tah kuring salaku asli turunan sunda ngarasa reueus
jadi urang sunda, bisa basa sunda, sanajan ari anak
mah teu bisaeun ngomong, ngan ukur ku ngarti (kuring
jeung pun bojo, nyarita basa sunda, jeung barudak mah
campuran tapi barudak nyaritana make basa Indonesia).
Jadi pentingna teh supaya "urang sunda" tetep eksis ta
naon lah ngaranna.
Baktos
Jaka
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Urang neruskeun deui kuesioner basa Sunda. Hehehe.
> Dua minggu katukang, rengse madungdengkeun perkara
> ieu: ari basa Sunda naha enya hese?. Respon ti
> baraya garis badagna mah, bisa dijadikeun dua
> bagian: basa lisan jeung basa tulisan. Hasil noong
> sementara, nu sok dianggap hese teh pangpangna basa
> lisan merenah jeung basa tulisan. Hasil salengkepna,
> engke urang dongengkeun.
>
> Ayeuna urang teruskeun, kana pananya kadua:
>
> "Cing numutkeun baraya sadayana, ari basa Sunda
> teh naha masih keneh penting atawa henteu?"
>
> PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen
> panoong pribadi sewang-sewangan, upama basa Sunda
> teh penting lebah mana pentingna. Upama teu penting,
> oge naon alesanana.Ceuk implengan kuring ieu jawaban
> teh penting, pikeun nyieun titincakan, ngarah urang
> boga argumen nu kuat pikeun diri masing-masing,
> upama hayang milu mulasara basa Sunda. Hehehe.
>
> Salam,
> mh
>
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

