hehe. enya Bah. kitu pisan sasakalana korupsi teh model lokal teh sigana.
baheula raja mun turba, seug ningali istri geulis. cenah kaci tah si istri teh dipenta ka kolotna. duka dikawin duka jadi selir/koleksi. hehe. si kolotna sugema, alatan anakna kapake ku sakadang raja. babakti ka raja tea, gaya. konsep raja atawa feodal beh ditu kitu: harta banda malah jalma oge milik raja. beh dieu, rada maju peradaban teh, harta banda milik rahayat, tapi kudu setor boh mangrupa hasil tatanen atawa pajegna (mun wilayah mah upeti tea). di inggris para ningrat/baron, lord, sir, jsb jadi -tangan kanan raja (bangsawan-elit). teu beda ti bupati di urang jaman kolonial nu kudu setor ka walanda, meres rahayat. sigana mental eta masih aya ayeuna. aya kamajuan ayeuna mah, rahayat teu diperes langsung, tapi duit pikeun ngangkat darajat kahirupan rahayatna nu dipaling. sabab datangna ti pusat. pusat ngumpulkeun tina pajeg atawa hasil jualan kakayaan alam, sawareh ti nambut ka nagara sejens. korupsi dina hiji sisi bisa jadi ku sikep gede rumasa. "uing geus babakti ka nagara sakitu puluh taun. wajar mun nyokot duit nagara sakitu juta/miliar". nganggap diri atawa tanaga sorangan nu dibaktikeun ka nagara penting pisan. padahal da digajih+tunjangan sagala rupa. basa urang ge aya abah: maling, rampog, jsb. heheh. --- In [email protected], Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

