Bah, penginten nu jadi ukuran sim kuring mah dina "korupsi" teh mangrupakeun 
laku lampah maling, ngabangsat, atawa puak-paok nu lain hakna. Ukuran nu 
dijadikeun dina masalah ieu panginten ISLAM.
Dina conto kasus nu bantun ku sim kuring mangsa Rasulullah SAW mulih perang 
mah ukuranna jelas. "Ulah aya nu disumput-sumput". Hartosna ieu umum teu 
Islam teu sekuler. Nu ngaranna disumputkeun (bari ngahaja) jelas laku "maok" 
alias "maling" atawa "ngabangsat". Nu pastina oge kabeh satuju eta laku teu 
diijinan alias kriminal.

Mangga lajengkeun deui..!

Baktos,
Om TEDDY
----- Original Message ----- 
From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, December 19, 2005 10:07 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] negara eksperimen


> Ukuran nu disebat korupsi, kolusi sareng nepotisme (KKN) teh
> benten-benten, teu sami di tiap masyarakat. Di nagara ARab Saudi
> atanapi Brunei,sagala panghasilan nagara lebet kana "rekening"
> raja. Raja anu ngatur mana nu keur anjeunna (+ kulawarga besarna)
> jeung mana nu keur rakyat. Sultan Brunei kaasup jalma
> pangbeungharna di dunya, kitu deui kulawarga karajaan Arab Saudi,
> nu umumna lubak-libuk ku harta. Naha ieu disebat korupsi? Ceuk
> urang Arab Saudi atanapi urang Brunei mah, meureun henteu, da
> memang kontitusina kitu. Raja di Arab Saudi jeung di Brunei
> ngangkat menteri atawa pejabat luhur sejenna sadayana kulawargana
> (anak, adi, lanceuk, alo jst). Naha ieu lebet nepotisme? ....ceuk
> urang ARab Saudi & Brunei mah meureun henteu, da ilaharna kitu.
>
> Kumaha ari Raja di Nagara-nagara barat atawa di Jepang? baheulana
> (200-300 taun katukang) mah memang kitu. Tapi lila-lila
> kakawasaan raja, dileutikan tepi teu boga kawasa nanaon. Raja di
> nagara-nagara eta ukur jadi lambang jeung "kaheureuyan" ngagosip
> rakyatna. Raja teu bisa ngangkat Perdana-menteri, teu bisa
> ngangkat menteri, komo bari ngumpulkeun panghasilan nagara mah.
>
> Jadi, ceuk kuring mah, nu disebut KKN teh, timana heula
> ningalina. Matak kuring mah teu bisa nyebutkeun aya korupsi di
> jaman Mataram atawa jaman para "dalem". Da nu disebut korupsi mah
> hiji ukuran atawa niley nu berkembang di jaman ayeuna, lain jaman
> pangawasa "absolut" jaman baheula (ayeuna keur di ARab Saudi
> jeung Brunei mah).
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>> Ceuk kuring mah korupsi geus aya ti baheulana oge, Malah ti jaman
>> Rasulullah SAW oge geus aya tabe'at model kitu (nyaeta tabe'at
>> koruptor). Ceuk ceunah dina hiji hadits (duka riwayat saha? Cik
>> pang bejaan kuring. Mun salah pang benerkeun)  mangsa Rasulullah
>> SAW mulih perang (duka perang naon? Mangga wartosan sim kuring).
>> Anjeunna tos ngawawadian ka para sahabat sangkan adil ngabagi
>> hasil rampasan perang. Ulah aya nu disumput-sumput. Mana kitu oge
>> meureun model penggelapan jeung manipulasi data geus aya dina
>> jaman harita.
>>
>> Baktos,
>> Om TEDDY
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
> 

Send instant messages to your online friends http://asia.messenger.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke