PENTING ! saking pentingna ngomong basa sunda wajib hukumna, basa sejen mah keun we lah sunat. Mun poe ieu teu ngomong basa sunda sakecap kecap acan wajib dikodo dina poe isukanna. Ari alesana mah sederhana we, nek kusaha deui ngamumule basa sorangan mun teu ku urang sunda kuanjeun. Dina hirup kumbuh sapopoe, urang sunda kudu boga prinsip KABULA KABALE, mun seug keur ngobrol jeung seler sejen teu kudu dipaksakeun susundaan kabatur, da urang ge sok keuheul mun ku batur diajak ngobrol basa sejen anu teu ngarti. Ngan asa piraku teuing ari jeung urang sunda deui mah nek ngomong mamalayuan wae, komo ngantep anak, incu urang , ngomong mamalayuan dilingkungan kulawarga, tanwande lambat laut basa sunda teh bakal punah.SR
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Tuesday, December 20, 2005 8:23 AM
Subject: [Urang Sunda] KUESIONER: Basa Sunda Penting? --> argumen

Baraya,
Urang neruskeun patarosan kuesioner kamari:

Cing numutkeun baraya sadayana, "Ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?"

Hadena mah jawabanana tong saukur "enya/henteu", "satuju/teu satuju", tapi lengkepan ku ARGUMEN. Hehehe. Upama penting lebah mana pentingna. Upama tos teu penting, naon alesanana. Kaci upama make alesan toongan dina jihad pulitik, ekonomi, sosial, budaya, agama, atawa jurutinggal ("sudut pandang") naon wae.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke