Anu di maksad ku akang teeh Euis Wasiat? Atanapi Euis anu rama na mantan
Kuwu Tomo? Da mung aya dua euis di cijeulag mah...
Euis wasiat mah pun uwa, ti payun mah pimpinan degung / jaipongan,
kepsek SD oge, ayeuna mah tos janten penilik PdanK.

Abdi mah damel di kontraktor walanda, anu nangani proyek-proyek laut.
Sabangsaning dermaga/pelabuhan (sanes pelabuhan cintrong..hehee),
Breakwater / pemecah ombak, masang pipa pipa di dasar laut,ngadamel
pulau (sapertos anu di dubai) jrrd. Abdi di bagian engineering na,
terutami kanu design.

Perkawis harga, upami di banding sareng di urang nya kawilang rada awis,
tapi saur abdi di dieu (ningali tina kurs oman) henteu awis. Sareng aya
standar na teu sagawayah naekeun harga.
saumpamina harga fanta, dimana mana, tiwarung alit dugi ka grosir /
kios, hargina sami. Kecuali di restoran anu berbintang.kitu deui
katuangan anu sanes.


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of waluya56
Sent: Tuesday, December 20, 2005 9:29 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: seputar oman

Rerencangan kuring nu urang Cijelag teh namina Euis, hilap deui 
panjangna mah. Harita teh (1972) wawuh da sakelas keur kelas Hiji. 
Ngan waktu naek ka kelas II, Euis pindah duka kamana. Papendak-
papendak deui waktu kuring geus mahasiswa. Aya nu nganjang ka kolot 
di Cimalaka, pas kuring keur aya di lembur. Kaget oge nu nganjang teh 
geuning Euis jeung kolotna ......kumplit jeung carogena ....hehehehe. 
Jadi teu bisa ngobrol da karargok, teu naroskeun deuih, harita teh, 
ongkoh kurringna pas rek balik deui ka Bandung. AYeuna mah meureun 
geus incuan ......

Ari kang Yosep di damel naon di Oman? di "minyak" oge?. Walah eta 
artosna nya mani saluhureun dollar. Meureun sagala marahal di Oman 
mah. Perkawis Oman teu "sagereng" nagara Arab nu sanes, kuring oge 
kantos maca. Oman kaasup nagara anu jarang kacaritakeun "rame bin 
ribut" jiga di nagara-nagara Arab sanes.

Hatur nuhun.
Baktos,
WALUYA




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke