Pikeun kaperluan gawe jaman kiwari, sigana mah basa Sunda teh teu penting, da ku basa Indonesia ge geus cukup, malah nu dipikabutuh teh kabisa nyarita basa Inggris. Can kungsi manggih lowongan nu nyaratkeun kudu bisa basa Sunda. Pagawe2 (publik utamana, pulisi, jsb) ti wewengkon luar ge mun ditugaskeun di Tatar Sunda sigana teu ngarasa perlu diajar basa Sunda. Cukup ku basa Indonesia.
Pikeun kaperluan campur gaul di jaman kiwari, basa Sunda sigana kasilih oge ku basa Indonesia & basa deungeun. Coba we, mun urang ceting atawa blog-blogan make basa Indonesia & Inggris, pasti "wilayah operasina" bisa nepi ka sakuliah dunya, sahanteuna sanusantara. Bandingkeun jeung mun make basa Sunda, nu maca teh ampir pasti ukur urang Sunda.
Pikeun urang Sunda sorangan, ceuk kuring mah basa Sunda teh penting pikeun mulasara budaya Sunda, sabab basa Sunda teh mangrupakeun "panganteur" kana kabudayaan Sunda. Iwal mun urang geus hayang ninggalkeun sagala hal ngeunaan Sunda, urang tetep perlu ku basa Sunda. Komo deuih sababaraha wanci ka tukang geus "dipatwakeun" ku Ajengan Bunbun ti Singaparna yen nyarita & ngamumule basa Sunda teh hukumna SUNNAH, sarua jeung SUNNAHna urang Arab miara janggot! Hehe...
isk
On 12/20/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Cing numutkeun baraya sadayana, "Ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?"
Ceuk itungan upama urang apal kana penting henteuna basa Sunda, urang baris boga titincakan nu pasti. Upama basa Sunda rek dimumule, urang boga alesan nu kuat pikeun nyiar tarekahna. Upama basa Sunda teh rek ditinggalkeun wae, moal ngarasa dosa teuing. Hehehe
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

