tah perkawis usahana.. iyeu rada hese ngajawab lain teu aya widang usaha, mung can aya modalna
ari anggotana karek 4 mah rek ngumpul modal timana nya'
loba dulur nu benghar oge teuing mere teuing modal keur modal usaha koperasi
nya kanggoa samentawis mah kantor koperasi teh di JL. salemba tengah no 51 jakarta pusat
kontak person na simkuring 08128377662 sareng kang Maman Gantra 08129405441
nu bade naros langkung jero perkawis koperasi jeng program2na mangga diantos tlp na
sakitu anu kapihatur
salam baktos
On 12/20/05, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari kang Agus geuning no HP teh sababaraha kali SMS teu dugi wae ??? Plexi kitu?Kuring aya minat ulubiung dina usaha Koperasi Amanah Sunda, tapi usahana naon? di mana? Mun aya mah kedah aya oge anu koreh-koreh cok, sapertos warung ampera di sadaya kota, komo mun tiasa di luar nagara mah. Da urang walanda jeung urang Jerman oge saredepeun eta teh goreng endog lauk sareng sambel tarasi dicoel lalaban sarupaning leunca terong sareng sajabina. Ulah anu lami panen sadayana. Urang lawan lah KFC, TEXAS, MD, anu USA ku Sangu Timbel Complit anu US
tiasa nya? Wallohhualam,-
"Agus K \"PAKUSARAKAN\"" < [EMAIL PROTECTED]> wrote:Assalmu'alaikum Wr, Wb.Sampuranun....Kumaha arandika wargi Bakus? Daramang? Mugi-mugi bae sing daramang, salamina aya dina nik'mat sehat oge nik'mat iman.. Amin ya robbal alamin....Wargi sadayana,Salah sahiji kaputusan rapat DES di Kebon Raya, Bogor, urang rek ngadegkeun koperasi. Ngaranna Koperasi Amanah Sunda -- disinget KAS. Kaula ditunjuk salaku koordinatorna -- lain pangurus, da pangurus mah engke dipilih ku anggota.Tah, salaku koordinator, kaula rek nohonan naon-naon nu ti heula dijangjikeun: Muka rekening pikeun panampungan calon anggota, saencan eta koperasi boga rekening sorangan. Oge, nyieun polling pikeun nangtukeun sabaraha kuduna simpenan poko jeung simpenan wajib eta koperasi.Saha nu arek jadi anggota, sok kirimkeun simpenan wajib jeung simpenan pokona ka :BCA KCP Percetakan NegaraNo. 7420092037a/n MAMAN GANTRADumasar kana polling, gedena simpenan poko Rp 1.000.000 (Sayuta), bisa dicicil salila 10 bulan. Anapon simpenan wajib Rp 50.000 (Lima puluh rebu) sabulan. Jadi, sing saha nu hayang jadi anggota, dina 10 bulan kahiji mah setorna teh Rp 150.000 (cicilan simpenan poko jeung setoran simpenan wajib). Simpenan sukarela mah nya saridona. Rek sabaraha oge meunang.Sing sakur nu setor atawa transfer ulah poho ngaemail ka kaula, nu di-cc-keun ka Kang Runa, bari nyebutkeun bukti setor, jumlah, tanggal, ngaran, jeung bank tempat ngirimna.Satadina mah rek nyieun rekening bersama. Tapi, ku alatan perkara administrasi, oge waktu, eta rekening bersama (nu oge sipatna sementara) teh can bisa keneh dijieun. Ahirna kuring nginjeum rekening salah sahiji pangurus Yayasan Perceka (Kang Maman Gantra).Insya Allah, kahareup, di mana anggotana geus jelas saha-sahana, oge pangurus jeung kumaha ketakna, KAS bakal nyieun rekening nu maneuh. Ieu mah saheulaanan bae. Sementara. Pan, peminat atawa nu boga karep kana ieu koperasi ge ayeuna mah can puguh saha-sahana. Malah, can puguh aya heunteuna.Keur ngajaga hal-hal nu teu dipiharep, buku jeung kartu ATM eta rekening teh dicekel ku kaula. Satadina mah rek dipihapekeun ka salah sahiji inohong, sangkan leuwih aman. Tapi, bisi nyesahkeun anjeunna. Saheulaanan mah siga kieu bae. Pan, kaula ge teu bisa nyokot eta duit.Tina wangkongan dina DES, kumaha ketakna ieu KAS geus disabit-sabit. Tapi, nu ngaranna koperasi, nya kumaha anggota bae. Dina hal ieu, DES atawa YP ngan saukur jadi fasilitator. Ngan, pikeun gambaran, alatan anggotana teu ngagunduk di hiji tempat atawa wilayah administrasi, ieu koperasi teh sipatna koperasi primer. Saheulaanan usahana dina simpan pinjam, nu prak-prakannana bakal dipatotoskeun ku anggota atawa pangurusna.Sakitu anu kapihaturSalam BaktosAgus Pakusarakan
NB : 1. Formulir sareng Waleran asupan koperasi ti kang jalak terlampir
2. kanu ngeusian pooling di kintung japri oge
------------------------------------------------------------------------
Agus Kurniawan (PAKUSARAKAN)
hp 08128377662
--------------------
PT. Smarthub Technologies
Gedung raudha Lt 1 Blok A - 1
Jl. Terusan Hr Rasuna Said No. 21
tlp 021 5279909 fax 021 5279908
Jakarta Selatan
Http://www.smarthubtech.com
Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
--
=================================
"Agus K. Pakusarakan"
Council King Empire of Pasundan
- King of Priangan
- King of Cirebon
- King of Banten
- King of Bogor raya
---- Azzo Genuine Leather -----
Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit)
oge nampi pesenan, Ranginang Garut, Dodol garut, Wajit jjeng rea rea deui,
Order call --> 08128377662
----------------------------------------
PT. Smarthub Technologies
-solusi sistem informasi yang tepat dan akurat-
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

