Hayat S. Hidayat :
(Sugan kabaca ku ; DEDDY WINDIAGIRI)
Aya Peuting Tingtrim
(Tina kumpulan Sajak-sajak Keur Odah)
Peuting ieu, Odah…
Urang jalan-jalan lain deuk sukan-sukan
Teundeun heula pikiran nu kagembang kaendahan
Bawa lambaran-lambaran cinta jeung kulak canggeum rasa tineung
Urang bagikeun ka jalma-jalma nu keur ngahontalan hirupna ku kesang reujeung tanaga 
Mimiti, urang icip tingtrimna basisir peuting
Tingali palika jeung parahuna
Cumelak lanterana
Teuneung na langit ceudeum
Pasrah na laut motah
Balajar na lautan kahirupan
Di sagara maranehna nunda cinta
(langit, laut, jeung anginna)
Di basisir na kikisik nitip asih
(anak, pamajikan jeung panutan)
Keur maranehna urang bikeun sacanggeum rasa katineung
Hayu laju mapay lolongkrang
Geura tingali tuh patani nu leumpang mapay galengan
Ngider kotakan kahirupan
Teu malire peuting simpe peuting rame
Ceuceub deudeuh kana taneuh
Luas ihlas pamajikan katirisan
Sabab bulan jeung bentangna gantungan harepan, geus aya dina wahangan
Keur pare kembangna hate
Keur cai tandonna pati
Keur manehna geus sakuduna urang mikeun sacanggeum rasa katineung

Odah…tong kapalang urang nya leumpang
Hayu papay balai jalan jeung sungsum kota
Geura bungkus dampal suku ku sapatu
Sabab di kota, taya taneuh nu mideudeuh
Taya keusik nu miasih
Endah nya, endah kacida
Ieu teh hasilna ucap merdeka
(merdeka keur nu kaya, merdeka keur nu teu boga)
Di dieu nya puseurna kahirupan
Tempat manusa ting jorowok mementa kaadilan
Oge di dideu manusa bisa nyieun sawarga atawa naraka
Ah, Odah…cukup jauh urang lumaku
Hayu mulang,-- isukan beurang tangtu datang
Kelebet hate kelat na mega
Ieu tanda yen usaha teh mulia.
-- Cibeunying, Maret ’65 --
 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke