Bogor nuju icaleun arah pembangunan. akang emut keneh teu piala adipura anu tos pernah di tampi ku Bogor. kapungkur bogor tiasa kitu sanes nanaon kang da emang faktor alamna anu ngadukung, sanes usaha pamerentahna anu giat tina bidang kebersihan. padahal mun ceuk pendapat pribadi kuring, bersih henteuna kota teh tiasa janten ciri tingkat kedewasaan wargana. sanes tingkat pendidikan nya kang, eta mah benten. tingkat pendidikan anu luhur teh can ngajamin kana dewasa bermasyarakat. abdi ge urang bogor, tapi tos lami ngekos di jogja, sekedar ngabandingkeun, usaha pemerintah kota Jogja kana miara kebersihan teh leuwih karasa sareng katingali dibandingkeun pemerintah bogor nyalira. visi "jogja resik City" (resik=bersih) atau jogja kota bersih bener-bener aya ujudna. padahal jogja teu lebet kana nominasi penghargaan adipura 2005, nah kumaha deui anu meunang penghargaanna, pasti kerja keras meureun pemerintahana.![]()
Ohne Iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ohne Iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saderek sadaya tangtos tos uninga yen Bogor sareng
Depok teh nembe kenging penghargaan ti Kementrian
Lingkungan Hidup salaku DUA KOTA TERKOTOR di Jawa
Barat (nu sanesna Tangerang, Batam, Palembang, BAndar
Lampung). Tangtos ieu teh sanes berita akhir taun anu
ngabubungah hate. Anu janten pangtarosan nyaeta kunaon
tiasa kitu? Bogor taun 70-an, nuju abdi masih SD
keneh, raos pisan, nya hawana nya lalu lintasna. Na
ari ayeuna...jalan macet hejo ku angkot, panas ngahiji
sareng aseup knalpot, kotor sapaparat jalan. Lepat
saha ieu teh?. Sanes abdi bade milarian saha nu lepat.
Katingalina urang sadaya teu tiasa disiplin. Miceun
runtah tina mobil lung ka jalan, lung ka walungan,
angkot-angkot ngetem dimana wae, beca jalan ngalawan
arus. Na kalakuan kitu teh tos dianggap lumrah.
Mugi bae penghargaan ti KLH ka urang Bogor sareng
Depok teh tiasa janten pecut ka sadaya pikeun ngarobah
kabiasaan. Nuhun.
Baktos
Nday nu urang Bogor
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Riky Dimiaty
08882797431
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

