"Ideal"na saperti kitu Cep Runa. Ngan hanjakal, teori
jeung praktekna teh lir ibarat bumi jeung langit,
jauuuh pisan.
Baheula jaman pa Harto kungsi aya "KLOMPENCAPIR"
(Klompok Pendengar Pembaca & Pemirsa). Harita kuring
masih di lembur, jadi salah saurang anggotana, wawakil
kolot. Tina Klompencapir, ahirna dibentuk KUD. Malahan
taun 78 kuring dipenta jadi pangurus & pagawe KUD.
Meunang hese cape ngamajukeun KUD, terus jadi KUD
Model, sanggeusna taun 82 kuring pindah ka Jakarta,
batur kuring 2 urang deui di taun eta oge pindah ka
PDK Majalengka (ayeuna Depdiknas) jeung ka Berdikari
Motor Kadipaten (kabehna hayang ngusahakeun
ningkatkeun hirup jeung kahirupan) Kapangurusan KUD di
"KUDETA", dirombak total ku jalma-jalma nu teu
barisaeun usaha. KUD Model, nu waktu jaman kuring
aktip bisa "kerjasama" jeung DOLOG Cirebon ngayakeun
"pengadaan pangan" ku jalan ngurus gudang pangan di
sa-Kab. Majalengka (ti kidulna ti Bantarujeg, ka
wetanna, Panjalin/Parapatan, ka kaler ka Loji Kobong,
Bayawak & Jati Tujuh, ilang sirna taya tapakna. Asset
tanah & jeung gudang duka ka mana, ayeuna nu nyesa
ukur kagiatan layanan bayar listrik PLN.
Nu salah saha ? tangtuna kasarakahan jalma-jalma nu
sirik pidik ku kamajuan batur. 
Kuring ayeuna ngan saukur bisa ngurut dada bari
ngarasakeun kasedihan, KUD nu baheula dibangun geus
runtuh teu puguh.
Subhanalloh.

Jaka


--- cep_runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> On Tue, 20 Dec 2005 17:11:35 -0800 (PST)
>   Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Kedah na mah "back To Leuit". hanjakal pangabutuh 
> >rahayat tos norojol.
> >  sigana mah kedah diperhatoskeun strategi
> pertanian 
> >pamarentah urang, 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke