kamari teh sabada rengse kuliah Kang Mas(ashi) Furihata di FIB UI, di payeuneun anu sarumping, diantawisna Mang Ayat sareng para dosen FIB, Kang Mumu salaku pananggel waler perkuliahan di Paguyuuban SIMPAY, sacara resmi nyuhunkeun KUSnet medarkeun pangalamanana sareng naon anu tos dipidamel dina Sasih Januari taun payun di Kampus FIB UI. Waktosna mah gumantung kana kasanggeman KUSnet. Malihan mah harita oge Kang Mumu teh masihan BU 4 S KUSnet ka Kang Masashi. Teras aya kana 7 an mah, peserta anu mesen buku 4 S.
Kumargi kitu, kuring nyungkeun ka Kang Kumincir, nyayogikeun bahan-bahan kanggo dipedarkeun dina acara SIMPAY eta. Bilih aya saran naon kinten-kintenna bahan ceramahna, tiasa ngalangkungan surelek di milis ieu atanapi japri ka Kang Kumincir. Atuh bilih bade ngaluuhan acara eta, sumangga daftar heula, supados tiasa milarian rohangan anu merenah di FIB. Anu kaimpleng ku kuring mah, perkawis digitalisasi naskah sareng wikipedia edisi sunda. Sigana para dosen UI oge aya "ketertarikan" bade ngadigitalisasi naskah-naskah kuno Kasundaan, tapi nyaeta "gaptek" (gagap teknologi) di widang teknologi informasi. baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

