Nambihan MJ, dina raraga silih wasiatan oge disawang tina etika bisnis MLM di internet (kabeneran kungsi ngalaman)....
 
Kang Dayat, numutkeun etika bisnis MLM di internet, cara-cara promosi model Kang Dayat ieu tos kalebet ngalanggar. Ngalanggar teh dina hartos ngagedak kaperyogian nu sanes oge ngalanggar manejemen bisnis salira ku anjeun.
 
Ngalanggar kapentingan anu sanes maksadna ngalanggar kapentingan umum. Bayangkeun upama cara-cara promosi bisnis model salira teu dihulag (dicarek/distop) ku moderator, tangtu anu sanes nurutuan. Lamun anu sanes nurutan, tur milist jadi rame ku nu daragang, atuh bleg wae tujuanna dijieun milist anu luhur (keur kabudayaan atawa keur kamanusaan) jadi urusan bisnis, eknomi, pamustunganana: urusan ekonomi wungkul. Kumargi kitu, sakedahna urang nganuhunkeun ka anu ngingetan sapertos anu dilakukeun ku Mj.
 
Ngalanggar atawa ngarugikeun kapentingan bisnis Kang Dayat ku anjeun? Tangtu wae. Sabab, sakali Kang Dayat bisnis ku cara anu ngarugikeun anu sanes, eta jadi promosi anu awon pikeun komiditi/produk bisnis Kang Dayat. Kukituna, ngawangun etika bisnis teh enas-enasna mah nya ngawangun kamekaran bisnis urang sorangan. Kumargi kitu, etika bisnis dina internet tos nangtukeun kumaha cara anu sae, sah teu ngalanggar kapentingan umum, tapi kaasup promosi keneh. Kumaha carana? Mangga, pilarian wae da aya ahlina ieuh sagala rupi oge.
 
Cag.
baktos,
mnAR

 
On 12/22/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

punten kang Dayat, teu kedah ngangge judul kitu sagala juragan.
tulis we, mlm internet kituh.

mun patali jeung sunda, contona urang sunda di hiji tempat kalaparan.
atawa mun aya urang sunda diculik UFO. mangga serat judulna kitu...!


kuncen #3

mj

http://geocities.com/mangjamal










------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke