Walah punten yeuh saderek Hidayat, ceuk kuring usaha harap-harap kieu mah caket kana judi??? Harap-harap teh miharep kanu kataji ku eta iklan teras masang, masang eta anu 30 rebu, harepan aya downline anu masang sarupa kitu. Jadi usaha kieu mah caket sareng judi. Arisan berantai??? Dina Islam pindahna harta anu halal teh ku cara dagang barang/jasa anu halal, buruh gawe, waris, hibah. Arisan anu di kocok wae masih diragukeun halalna??? Benten misalna rereongan ku 30 rebu teras ngayakeun usaha kongkrit, aya wujudna ku cara sah. untung rugina sami-sami, tah upami kitu mah kahartos gotong-royong dina modalna, nu ngusahakeunana mah teu kedah sadaya ngiring (sirkah??). Ah ieu mah pamadegan sim kuring. Wallohualam. 

Heri Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten sateuacana ka kang Dayat,
Bisnis jiga kieu teh tos merebak di nagara urang, mung kedah diemutan deui kalawan tenang. na bisnis ieu teh sehat atanapi henteu. abdi nyutat ti akang point :
"Percaya atau tidak...bahwa gotong royong adalah solusi dari permasalahan sosial-ekonomi yang sedang kita hadapi saat ini. Jangan melupakan fitrah yang di karuniakan Yang Maha Kuasa ini karena tanpa disadari saat ini kita berada dan hidup dalam sistem gotong royong yang maha luas yakni Alam Semesta."

saur abdi ieu kacida bohongna. nunamina gotong royong eta kedah nguntungkan ka kabehan sanes prinsip "memberi ke atas dan menerima dari bawah" . karunya kanu di handap teu kabagean. tur ieu teh sanes hiji dua tapi seuseueurna.
bisnis anu sehat eta bisnis anu real ngahasilkeun  added value product. dimana aya komoditi anu ku urang tiasa dihasilkeun. sanes malulu akal-akalan kengin artos tina menta ka batur bari nu di penta teu sadar kanggo naon artos anu dikaluarkeunana. sok geura bubar bisnis nu siga kieu teh. moal sehat moal upami ditingal tina palebah ekonomi makro oge.
sakali deui punten sanes mamatahan. abdi salah sawios ti jutaan jalmi  anu jadi korban bisnis siga kieu. karunya kanu sanes ditipuan wae.
cag heula....
salam baktos ka sadaya
heri


On 12/21/05, hidayat DAYAT <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur wargi-wargi sadayana,
 
Ieu informasi bisnis jaman ayeuna anu ngahaja ku abdi dikirimkeun diulang-ulang,kumargi penting pisan.
Sok bari jeung basajan, tapi upami ditindak lanjuti tiasa ngarobah kahirupan urang.
Abdi oge asalna mah iseng wungkul, tapi hasil na teu disangka-sangka.kanggo informasi anu langkung bentes tur eces, mangga buka wae situs web anu di handap ieu: 
 
hatur nuhun kana perhatosan wargi2 sadaya,
 
 
Hidayat
(Jajaka Sunda)






 

YAHOO! GROUPS LINKS





__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS





__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke