Keun teu naon-naon kang Yosep. Etang-etang memperingati "hari ibu", kumaha dagdigdugna para bapa mayunan bojona nuju nandonkeun nyawa kanggo lahirna generasi enggal.
Kuring oge gaduh pangalaman (pait), perkara jadi bapa teh. Waktos pun bojo nuju kakandungan si cikal nembe sababaraha minggu, kaluar flek (getih). Teras konsul ka dokter kandungan. Kedah reus salami sasasih di tempat tidur, lamun hoyong gaduh anak. Nya atuh salami sasasih pun bojo teh bed-reus wae, kuring oge teu wantun "cubuk-cabak". Tah tidinya kuring sok sepor jantung teh, naha si cikal teh lahir normal atanapi heunteu. Kalahiran si cikal oge kaetang teu normal, ketuban "pecah". Dokter ngultimatum, lamun teu enggal-enggal dibelek (caesar), bahaya kana kasehatan orok. Ari si bungsu (nomor dua) benten deui. "teu kahaja" pun bojo teh nembe tilu sasih ngalahirkeun, tos ngandeg deui. Waduh, mangkaning ceuk beja, mun ngalahirkeun sesar mah, minimal kedah sataun kosongna. atuh ti harita hate teh tagiwur. Tapi da ari nu boga 'lalakona' mah tenang-tenang wae, kalah ka hobina barang teda duren. Puguh wae atuh aya pangruhna ka si jabang bayi. Tadina mah si bungsu teh rek dilahirkeun normal wae. Tapi ditungguan dugi ka bukaan tilu teh, sabada di parios dokter, cenah mah moal tiasa normal, margi panggulna alit pisan. Nya kapaksa atuh di "dedel" deui. Alhamdulillah budak jeung indungna salamet. Kuring ngadongeng kieu teh, bade nunjukkeun yen memang "pengorbanan" ibu teh ruarrr biasa. Ari pameget mah mung sakadar dagdigdug wae, ngabayangkeun anu negatif, tapi teu tiasa ngarakeun anu anu karandapan ku sang ibu. Hidup sang Ibu! cag,ah. mrachmatrawyani --- Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ngiringan ngawaler ah..wios teu acan pangalaman > pisan oge....: > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

