Kuring oge lulusan SMAN Majalengka taun 76. Ayeuna nu
sakola di SMAN Mjl teh incu (anak alo) kelas 3.
Kang Wawan waktu Reuni Akbar kamari (mun teu salah
bulan September) datang henteu ? Kuring mah datang,
saangkatan kuring nu datang ukur 20 urangan. Nu
heranna, ti 20 urang eta, saparona geus panggih di
Jkt, malahan nu 3 urang (kaasup kuring) ngumbarana
padeukeut, sami-sami di Pamulang. Panggih sanggeus
pisah 29 taun lilana. Aneh tapi nyata.
Lembur Leuwikidang mah atuh deukeut jeung lembur
kuring di Desa Gandu, Kac. Dawuan, ngaliwatan Cengal
terus tinggal meuntas jalan gede Cideres.

Jaka

--- -wawan- <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Punten ... punten .. kasadayana ...
> Saleresna mah tos lami nga-monitor milis urang
> sunda.
> Keleresan anu nuju dibahas tentang majalengka,
> nepangkeun
> abdi Wawan kawit asli majalengka upami sakola di 
> SMAN 1 Mjlk  angkatan 95
> kelas fis-1, manawi akang2 sareng eteh2 aya anu
> sa-almamater sareng abdi .
> 
> Upami rorompok  di kp cibasale pas pengkereun sma 1
> (hiji), upami pun biang
> aslina ti Leuwikidang kec. Dawuan caket ka gunung 3
> (tilu) mah nu
> disebat-sebat tadi.
> 
> Saleresna mah aya hiji tokoh anu lahir sareng 
> ageung di  Majalengka nyaeta:
> Om Wiliam Suryajaya
> (
>
http://www.tokoh-indonesia.com/ensiklopedi/w/william-soerjadjaja/index.shtml
> )
> Taipan sareng konglomerat pendiri Astra Group. Tapi
> upami diperhatosakeun
> teu aya kontribusina kanggo kamajuan majalengka.
> 
> Haturnuhun,
> Wawan
>


        
                
__________________________________ 
Yahoo! for Good - Make a difference this year. 
http://brand.yahoo.com/cybergivingweek2005/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke