Sapagodos sareng kang Kumi, saleresna mah diajar basa naon oge kedah
sakalian praktek... upami teori wungkul mah bangga
karasana...
émut
ka diri kuring sorangan baheula keur SMP nepi ka SMA keur diajar basa
Inggeris, cenah jiga budak lieur ngomong sorangan, hareupeun kaca bari
ngeunteung... nanya dijawab kusorangan.. nganggap bayangan urang dina kaca
eunteung teh lawan ngomong urang... terus nonton TV, meun felem barat sok
didangukeun dina palebah pengucapanna.. terus nyoba ngartikeun sorangan.. meun
aya basa nu aneh dicateut, terus diapalkeun terus dipraktekkeun ngomong
sorangan...geus puas kitu kakara praktek diluar.. neangan bule. baheula modal
diajar teh buku pelajaran lanceuk jeung buku percakapan anu jaman heubeul, terus
nonton felem..
kitu
oge sami sareng basa Sunda, panginten tiasa dipraktekkeun samodel kitu...
ngawitan tina macaan paguneman di ieu lembur nu dipikareueus ku urang sadaya,
teras sakedik sakedik ngiring mairan..teras ngobrol.. Insya Allah bakalan aya
anu ngabantosan ngalereskeun basa atanapi kecap atanapi huruf anu lepat
ngetikna..
sapertos teh Icho ( Cholisoh Ahmad ) saur anjeuna basa Sundana upami
nyarios langsung mah Pentium II, tapi upami ngetik basa Sunda tos Pentium III
atawa IV kitunya... cenah saur anjeuna sareng anu kantos pendak sareng
anjeuna..
kitu
tah.. cag ahh.. panjang teuing
Baktos,
Cecep
van Lobam *75% Sunda - 25% Jawa, keukeuh ngaku USA 100%*
Çéçép Wahyu
-----Original Message-----Wa'alaikumsalaam w.w.
From: kumincir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, December 23, 2005 10:48 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Saya mo belajar bahasa Sunda neh....
Wilujeng sumping, Aa Apet....
Ngeunaan diajar basa Sunda, taya deui cara iwal ku langsung praktek... Sok geura, lobakeun maca tulisan nu make basa Sunda, da nguping mah sigana teu kirang nya? Pami tos kitu, sok langsung praktekkeun! (Ngartieun henteu nya si Aa Apet? heuheu...)
Aa Apet, mengenai belajar bahasa Sunda, saya rasa tidak ada cara lain selain langsung mempraktekkannya. Perbanyak bacaan berbahasa Sunda, banyak berkomunikasi dengan pengguna bahasa Sunda, dan langsung praktekkan. Tak usah takut salah, toh nggak bakalan ditangkep pulisi ieuh.... heuheu...
isk
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

