*******************************
Hehehheeh ....... tong di-dago-an Ki, di-lédeng-an baé .... :D!
..... cikan ngiluan atuh kuring, meungpeung salsé yeuh!

 Ki Hasan, sigana nu kudu diheulakeuneun téh "Penting Henteuna", laju disusul ku "Hésé Henteuna" .... heheheh

Cék kuring!!!
..... ari bahasa téh panyambung komunikasi lin? (nék bahasa jelema, komputer, sandi, jrrd meureun ogé nepikeun ka bahasa tong'o :P) Kukituna kuring mah nék no'ong  tina jihat komunikasi baé. Ari dina komunikasi téh kapan aya nu disebut nu ngirim jeung nu narima, jadi kieu mereun pedaranana :
--------
*Ilaharna Bahasa:
Penting Henteuna:
Pikeun nu ngirim jeung/atawa nu narimana, éta bahasa téh kacida penting/pereluna mun maranéhna butuh!
Kapan sok aya kacaturkeun nu keurna bobogohan mah, dumeh ku butuh téa, sok maké bahasa-mahugi sagala. Duit keur ongkos atawa keur jajan disakola téh kadang mah di pahugikeun keur  kabogohna, da penting cenah ceuk manéhna mah nyenengkeun kabogona téh, malah sakapeung mah sok uniko sagala .... ahahahahah! Tah ti dieu pisan geus aya pangorbanan pikeun kapentingan éta!
Kitu ogé lamun urang ngarasa dina masalah ipoléksosbudag jeung hankam téh butuh komunikasi ku salah sahiji bahasa, kukituna sangkan nyambung éta komunikasi téh payus pisan mun urang kudu mentingkeun éta bahasa, jadi nya kuduna urang téh ngorbanken boh waktu, tanaga atawa béaya pikeun diajar éta bahasa.

Hésé Henteuna:
.... ari kana perkara anu hararésé téh kapeungan mah (seringna kétang.. :D), urang teh sok tara ngariksa diri! enya, sok nyalahkeun batur atawa sagalaning nu aya diluar urang. "Ah, hésé manéh mah!! teu bisa pisan dibéré nyaho!" atawa "Aing mah, ku hararésé teuing muka kéler téh!" leuwih pasna mah kieu "Euhh, meni heurin ku létah kieu ngomong maké basa sunda ka kolot mah!"
....... hih!!! naha jadi ambek Ki Silah téh!! Mun si éta teu bisa dicaram mah, nya urangna baé atuh nu kudu surti neuleuman, da meureun si éta téh masih kawates pangartina. Nya kitu deui ateuh Ki Silah téh, mun hésé muka kéler mah keun wé sawataraeun mah disina batur nu leuwih-bisa nu mukakeunna, laju urang tengetan kumaha carana, tah geus kitu paké ku urang éta carana. Sarua ogé atuh mun Ki Silah téh boga rasa, sieun salah maké basa sunda ka kolot, ulah salahkeun basa sunda-na, nya coba geura loba tatanya! diajar! diajar! jeung diajar!! da salalawasna urang mah diajar.
Tah didieu geus kairong urang téh kudu sabar.
Cik urang balik deui kana siloka bobogohan téa (hehhe... keur puber kitu kuring téh?? nyaritakeun bobogohan waé!) ...... keur jaman endog disileungleuman kénéh ku hayam :P, kuring mah asa hésé ngomong iinggrisan téh, enya pédah teu ngarti jeung sieun salah téa!, tapi sabada dibéré resep/wawuh/reueus/héman jeung sajaba ti éta ka si yasmin, wanoja motekar nu niléy basa inggrisna nomer wahid disakola, kuring sok remen susuratan maké basa inggris nepikeun kuring jadi sumanget macaan kamus 50.000-kecap tug ka hatamna :P. Nya ti saprak éta, ningan kuring teu ngarasa hésé jeung sieun deui iinggrisan téh ... hehehe   (enya geuning ari kusabar mah jucung ogé kahayang téh)

Cindékna:
Ari penting heunteuna mah kumaha kabutuh urang ka éta basa, biasanamah aya pangorbanan nu leuwih gedé nu kudu dikaluarkeun.
Ari hésé henteuna mah kumaha micintana urang ka éta basa, tah didieu téh sok  nuwuhkeun rasa kasabar.
Tatapi mun ngandelkeun saukur butuh wungkul, kahésé téh jaga bakal aya waé, béda mun urang micinta, nu penting ogé bakal dipentingkeun.
Contona: mun urang saukur butuh, hayang bisa maén kacapi-suling pikeun méntas di acara wisuda sakola urang (saumpamana) tangtuna kabisa jeung kanyaho urang téh ngan saukur/samet ka bisa maén kacapi-suling wungkul. Tapi mun urang micinta kana kacapi-suling, tong boroning ragemna kacapi-suling atawa kawihna dina éta pangajaran kacapi-suling nu bakal dipibisa ku urang ...... sigana  basa/ ajén-inajén/siloka/sasakalana kasundaan nu aya dina éta kacapi-suling tug na nepikeun ka sabangsaning menu kadaharan urang sunda ogé, bakal disaliksik sangkan urang apal/wawuh :D.
Kitu oge lamun urang cukangna dina micinta kasundaan téh tina basa sunda/kasundaan nu lianna, sacara sadar atawa heunteu, urang téh baris ngotéktak naon baé nu aya dina kasundaan. (meureun téh teuing mun ieu nu disebut ku Kang Ganjar mah minangka getih goib kasundaan téa!!)
----------
*Basa Sunda Kiwari (tina jihat komunikasi):
Penting Henteuna:
Pentingna:
-Pikeun jelema (pihak nu ngirim) nu keurna (butuh) ngotéktak/nalungtik kasundaan boh pikeun kaperluaan sorangan atawa kaperluan ipoléksosbudag hankam, sangkan bisa leuwih jembar tur wijaksana dina meunangkeun hasil pamaksudanana.
-Pikeun papada (pihak nu ngirim jeung nu narima) nu micinta (ilo ogé "Saha Ari Urang Sunda Téh?" pedaran Abah Surya http://www.sundanet.com/artikel.php?id=208 )  tatar sunda, kasundaan lan Ki Sunda dina sagala widang, tétéla ieu Basa Sunda téh penting/perelu pisan, salian pikeun mulasarekeun ieu Basa Sunda, ogé pikeun ngabeungkeut-hijikeun pamadegan dina kasundaan jeung kalomaan papada US.
Henteu pentingna:
-pikeun jelema/élmu-pangaweruh/kaayaan (pihak nu nu narima) nu ku urang /US(pihak nu ngirim) ditalek pikeun disaliksik pangabisa/elmu-panemuna pikeun diadumaniskeun/disaluyukeun keurna kamekaran lan kamotekaran  kasundaan lan Ki Sunda dina sagala widang.

Hésé Henteuna:
Héséna:
-basa sunda nu mangragem dina ucap-pitutur di sababaraha wewengkon tatar sunda.
-ayana undak usuk basa sunda.
-ayana hurup é,e jeung eu
Henteu héséna:
-pikeun jelema nu boga kahayang bisa/butuh/micinta ieu basa sunda.

Cindékna:
Tina jihat komunikasi, kabutuh jeung kacinta kana kasundaan téh bisa jadi tolak ukur penting henteuna urang dina maké ieu basa sunda.
-------

... tah kitu Ki ti kuring mah, salian geus capé ngetik ogé sieun loba teuing salahna... hehehhe

Hampurana baé,

-Ki Adi-
*******************************

On 12/21/05, mh < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Baraya,
Rek ngadagoan deui, respona  patarosan kuesioner kamari. Nembe aya respon ti 19 wargi. Sok kanu  sanesna, diantos waleranana. Ieu patarosanana:

Cing numutkeun baraya sadayana, "Ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?"

Hadena mah jawabanana tong saukur "enya/henteu", "satuju/teu  satuju",  tapi lengkepan ku ARGUMEN. Hehehe. Upama penting lebah mana  pentingna.  Upama tos teu penting, naon alesanana. Kaci upama make  alesan toongan  dina jihad pulitik, ekonomi, sosial, budaya, agama,  atawa jurutinggal  ("sudut pandang") naon wae.

Ceuk itungan upama urang apal kana penting henteuna basa Sunda,  urang  baris boga titincakan nu pasti. Upama basa Sunda rek dimumule,  urang  boga alesan nu kuat pikeun nyiar tarekahna. Upama basa Sunda teh  rek  ditinggalkeun wae, moal ngarasa dosa teuing. Hehehe

Mangga diantos nya, ARGUMEN-na.

Salam,
MH

=======
  PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen panoong pribadi   sewang-sewangan, upama basa Sunda teh penting lebah mana pentingna.   Upama teu penting, oge naon alesanana.Ceuk implengan kuring ieu  jawaban  teh penting, pikeun nyieun titincakan, ngarah urang boga  argumen nu  kuat pikeun diri masing-masing, upama hayang milu mulasara  basa Sunda.  Hehehe.
  =======
  RESPONDEN
  1. kumincir
  2. rahman
  3. budi cahyadi
  4. yuliadi
  5. syam ridwan
  5. nuraini
  6. mh
  7. joko tingkir
  8. yudi rosandi
  9. otong suhendar
  10. soni abunawas
  11. waluya56
  12. dede engkos
  13. agus pakusarakan
  14. indung peuting
  15. tito suryana
  16. dudi indrasetiadi
  17. kang maman
  18. dudi herlianto
  19. kang boim





=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
---xxx

--
*******************************************
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
http://pituin.multiply.com/
--------------
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda téa.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun baé ka [EMAIL PROTECTED]
*******************************************

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke