Assalamualaikum,
Neda
pidu'a ti wargi sadaya wireh pun biang bade angkat ka tanah suci kloter
44.Angkat ti Pondok Gede dinten Jumaah wengi ping 23.
Mugi sing
dipasihan kakiatan ngajalankeun ibadahna,tiasa ngariung deui saanak incu
sareng utamina dijantenkeun hajjah nu mabrur...Amien ya
Allloh.
Ema..hiji
pangdu'a ti si bungsu....hapunten upami abdi sok ngajadikeun ema keuheul ti
leutik tug nepi ka ayeuna.
Hapunten
salila ieu abdi sok riweuh ku sagala urusan,padahal keur abdi leutik
baheula ema teu pernah riweuh samemeh abdi reup peureum,teu pernah ngarahuh mun
abdi ceurik peuting,lapar ku susu jeung miceun cai.Ku kaasih jeung pangdeudeuh
ema abdi digedekeun,ku kacape jeung kasabaran ema abdi bisa diajar nyanghareupan
hirup ayeuna...
Ema aya
nu sumarambah dina hate ieu nu teu bisa keudal ku ucap,ngan bisa ku cimata nu
teu bisa eureun.......
Du'a ema
minuhan sakujur awak , nu jarang nepungan lamun
ema sono.
Iwal ti hate nu pinuh ku hayang,hayang
nyugemakeun,hayang nyenangkeun,hayang ngalongok bari jeung can
kasorang...
Loeragoeng
sijAlu/Idwan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

