Bah Willy, kuring jadi asa kaemutan kana dongeng sepuh di lembur. Cenah harita, jama Walanda, nu dipikasieun ku masayarakat di lembur kuring, nyaeta sieun di jual ka Deli. Cenah mah di Deli teh, ngadon digawekeun sina ngurus kebon Bako. Numutkeun beja, di Jember oge tempat melak Bako. Bisa jadi tah episode migran urang Sunda ka Jember teh sajaman jeung migran ka Deli.

Ari migran urang Sunda ka Sulawesi, Kalimantan mah, jigana anyar keneh. Jaman transmigrasi.

salam,
MH

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang, tiasa wae. Aya dua kamungkinan urang SUnda nu "hijrah" ka jember teh. Tiasa nuju jaman Walanda, dicandak ku tuan Walanda, kanggo didamel di perkebunan. Di Jember jeung sabudeureunana seueur
perkebunan. Di sukabumi kidul (hilap deui tempatna mah), aya kampung nu eusina asalna urang Jawa. Ceuk cenah mah, ieu urang Jawa teh dibobodo rek dikirim ka Deli, naek kapal. Tapi kapalna henteu ka
Sumatera, ukur muter, terus diturunkeun di Pelabuhan Ratu ....

Kamungkinan nu kadua, baheula waktu Sultan Agung keur kawasa, Bupati SUrabaya jeung Madura embung takluk ka Sultan Agung. Sultan Agung ngirim tantarana ka daerah ieu keur naklukeun madura. Tantara Sultan Agung teh ....ti Sumedang ( Tiasa ditingali dina buku Graff, "Sejarah Mataram"). Jigana mah sesa tantara Sumedang teh aya terus anu wetan, meureun terus nganjrek di Jember (nu loba madurana!).

Pantesna eta oge .........

Baktos,
WALUYA



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke