sieun ku pamolah nyalira nya..!!
denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hiji waktu basa kuring balik kuliah jeung ki lanceuk ngaliwatan
pakuburan. Waktu keur meujeuhna surup ka magrib harita teh. Sanget
lumayan eta pakuburan teh, geus kawentar.
Na atuh...keur leumpang paduduan kitu. Ana belegedeg teh
dihareupeun, ngajirim hiji nini-nini. Buukna geus bodas kabeh,
tongongna geus bengkung, ari tina awakna katingali haseup bodas,
ngebul....
Sabisa-bisa kuring jeung lanceuk, jajampean.... tapi dalah ku sieun
mah teu burung. Rada rerempodan bujur teh asa pindah kahareup. Tapi
lain oge, si Baros lamun teu jail. Pokna teh, "Den, mun ditincak eta
tongongna jigana moal bengkung teuing tah awakna...!"
Kuring ukur bisa nyikikik, baru satengah lumpat. Na atuh, ari "ngik-
ngik...!"
Aya sora, nuturkeun...lumpat beuki tarik.....Ngik---ngik---ngik---
beuki tarik deuih nuturkeun....
Bakating ku cape, geus rada jauh mah. Reg eureun, tapi sora anu ngik-
ngikan teh anger disada.
Lila karak sadar....sihoreng kuring poho keur pilek...Aya korong
garing dina irung!
Katiup ku nafas gancang, akhirna disada ngik-ngikan...!)
dess
--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> hiji mangsa Juhe balik ka imahna tengah peuting. ma'lum aktifis di
> kampusna. harita manehna tas demo.
>
> imahna di pasisian, jalanna liwat makam. bareng nepi ke jalan
deukeut
> kuburan, aya jurig bungkeuleuk di hareupeunana. nu ngarana jurig
tea,
> pikasieuneun, pikaijideun. nangtung ngajega.
>
> nempo Jurig nu nyingiseunan hareupeunana, Juhe nyampeurkeun.
ngilik2
> beunget jurig. "Cik, euy, boga keneh beungeut nu pikasieuneun?"
pokna ka
> jurig bari kalem.
>
> jurig kaget. "bedul ieu jelema, beungeut sakieu pikasieuneunana,
masih
> kurang cenah..."
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
Yahoo! for Good - Make a difference this year.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

